Tingkesan Modul BS A edit irma 03mei2016

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 61 sacara optimal. Naon sababna kitu? Lantaran ku ngagunakeun pamarekan PAKEM atawa PAIKEM t h suasana diajar parasiswa ngarasa b tah, senang; teu kasengkér ku rasa-rasa nu teu pararuguh – njoy Lamun suasana b tah njoy – taya bangbaluh, kana mikirna ogé bakal kabawa lancar; pon kitu deui lebah nembrakeun idé jeung gagasan atawa pamanggih – bakal sabalakana, bébas Satuluyna, Sadérék jeung babaturan sakelompok nyoba nyusun strategi diajar ngajar ngagunakeun pamarekan PAKEM atawa PAIKEM. Ngarah hasilna optimal, atuh dina nyawalakeunana kudu daria. Cag

E. Latihan

Pigawé soal-soal ieu di handap kalawan daria 1. Tétélakeun kumaha konsép PAKEM atawa PAIKEM minangka salahsahiji pamarekan dina kagiatan diajar ngajar t h 2. Tétélakeun hal naon waé nu kudu dilampahkeun sangkan parasiswa kréatif dina ngalaksanakeun prosés diajarna 3. Hal naon waé nu kudu dipilampah dina prosés kagiatan diajar ngajar éféktif t h? 4. Naon sababna idé jeung gagasan parasiswa bisa kaungkab kalawan optimal dina kagiatan diajar ngajar ngagunakeun pamarekan PAKEM atawa PAIKEM? Tétélakeun alesanana 5. Naha enya lamun suasana diajar ngajar “menyénangkan” bisa ngaronjatkeun pr stasi siswa? Tétélakeun

F. Tingkesan

1. Konsép PAKEM PAIKEM téh péréléanana sakumaha ieu di handap: a. Siswa aub dina sagala rupa kagiatan anu udagana pikeun mekarkeun cangkeman tur kamampuh ngaliwatan paripolah langsung; PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 62 b. Guru ngabantu tur ngarojong ku mangrupa motivasi jeung nyadiakeun sarana anu diperlukeun ku parasiswa; c. Guru nyiptakeun sagala rupa hal anu pikaresepeun jeung nyiptakeun suasana anu pikabetaheun parasiswa dina milampah sagala rupa kagiatan, kayaning buku-buku, majalah, Koran, di tempat anu henteu resmiformal; d. Guru nyiptakeun suasana diajar kooperatif tur interaktif boh sacara kelompok atawa séwang-séwangan; e. Guru ngajurung laku siswa dina diajarna nurutkeun kahayang dirina anu tujuanana sangkan idé jeung gagasanana bisa ébréh; kitu deui dina miara jeung ngamumulé lingkungan sakolana ditumuwuhkeun rasa mikaresep jeung rasa tanggungjawabna. 2. Nu dimaksud modél pangajaran partisipatif téh nyaéta modél pangajaran anu ngalibetkeun siswa sagemblengna optimal dina lumangsung kagiatan diajar ngajar. 3. Modél pangajaran aktif nyaéta pamarekan pangajaran anu leuwih loba ngalibetkeun aktivitas siswa dina ngaksés informasi jeung élmu pangawéruh anu bakal diguar babarengan dina prosés kagiatan diajar ngajar di kelas, ku cara kitu maranéhna miboga pangalaman anu bisa ngaronjatkeun kamampuh jeung kaparigelan. 4. Modél pangajaran kréatif mah guru téh diperedih kudu parigél pikeun ngamotivasi jeung numuwuhkeun kaarancagéan kréativitas siswa salila lumangsung prosés kagiatan diajar ngajar ku cara milih, nangtukeun jeung ngadumaniskeun metodeu anu mampuh numuwuhkeun kréativitas siswa, boh dina kagiatan kerja kelompok, bermain peran, jeung pemecahan masalah. 5. Pangajaran téh bisa disebutkeun éféktif lamun mampuh mekelan pangalaman anyar ka parasiswa jeung ngawujudkeun hiji kaparigelan kompéténsi sarta ngabuktikeun yén anu jadi udagan pangajaran geus kahontal sagemblengna optimal. 6. Modél pangajaran anu nyugémakéun joyfull instruction mangrupa prosés kagiatan diajar-ngajar nu di jerona aya kohesi anu kuat antara guru jeung siswa, bener-bener PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 63 teu aya rasa kapaksa komo deui lamun kudu aya tekanan intimidasi, éstuning katémbong ayana rasa silih asih, silih asuh jeung silih asah téh.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku