12
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
1
guruna. Tapi lamun teu migawé PR, manéhna bakal dihukum. Paripolah migawé PR bakal ngawangun sikapna.
2 The Law of ExerciseHukum Latihan Hukum latihan nyaétabeukimindeng tingkah laku dilatih digunakeun,
mangka étaasosiasi bakal leuwih kuat. Di dieu, hukum latihan boga harti dua hal:
• The Law of Use : hubungan-hubungan atawakonéksi-konéksi bakal tambah kuat, lamunaya latihan anu sifatna leuwih nguatan éta hubungan.
• The Law of Disue : hubungan-hubungan atawakonéksi-konéksibakal tambah héngkér, lamun latihan-latihan dieureunkeun.
3 The Law of Readiness Hukum Kasayagaan Hukum kasayagaannaétabeuki sayagana hiji organisme pikeun
meunangkeun parobahan tingkah laku, mangka lumangsungna parobahan éta tingkah laku bakal nimbulkeun kasugemaan individu nepi
ka asosiasina jadi leuwih kuat. Prinsip utama tiori konéksionisme nyaétadiajar mangrupa hiji kagiatan ngawangun asosiasi connection
antara kesan panca indera jeung kahayang pikeun migawé hiji hal. Upamana, lamun siswa ngarasa resep atawa kataji ku kagiatan kupat-
kaput, nya manéhna bakal migawé éta hal. Lamun kupat-kaputna dilaksanakeun, manéhna bakal ngarasa sugema diajar ngaput bakal
ngahasilkeun hiji préstasi anu nyugemakeun.
b. John Watson 1878 - 1958
Watson téh salah saurang béhavioris murni, ulikanana ngeunaan diajar disajajarkeun jeung élmu-élmuséjén saperti Fisika atawa Biologi anu
tangtu oriéntasina ngan kana pangalaman émpirik, nyaéta nepi ka mana bisa dititénananajeung bisa diukurna.
Nurutkeun Watson, diajar mangrupa prosés interaksi antara stimulus jeungréspon, tapi étastimulus jeung résponna kudu bisa dititénan jeung
diukur. Jadi, parobahan-parobahan méntal dina diri saurang siswa
13
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
1
salilaprosésdiajar ngajar, henteu kudu diperhatikeun sabab henteu bisa dititénan.
Pamadegan utama Watson: 1 Psikologi ngulik stimulus dan réspons S-R Psikologi. Anu dimaksud ku
stimulus nyaéta sakabéh obyék di lingkungan, kaasup parobahan jaringan dina awak.Résponnyaétanaon waé anu dilakukan anu mangrupa jawaban
kana stimulus, mimiti tina tingkat sederhana kana tingkat luhur.
2 Henteu percaya kana unsur herediter katurunan anu jadi panangtu paripolah. Paripolah manusa mangrupa hasil diajar sahingga unsur
lingkungan téhpenting pisan. Ku kituna, pandangan Watson sifatna deterministik, paripolah manusa ditangtukeun ku faktor éksternal.
3 Dina hal mind-body, pandangan Watson basajan pisan. Pamadeganana, mind mungkin waé aya, tapi lain mangrupa hasil diajar. Jadi, lain hartina
Watson nolak mind sacara total.Manéhna ngan nganggap body ngan jadi obyék studi ilmiah. Hal ieu pisan anu jadi ciri utama béhaviorisme anu dicekel
pageuh ku para tokohna. Matak ieu pamadegan ti awal kénéh loba nu ngaréaksi, sok sanajan kitu ahirna mah béhaviorisme justru jadi populér.
4 Watson nolak konsép insting, mimiti tina karakteristikna anu mangrupa réfléks.
5 Sabalikna, konsépdiajar mangrupa hal anu vital nurutkeun pandangan Watson jeung tokoh béhaviorisme séjénna.
6 Pamadeganan kana memorypatukang tonggong jeung pamikiran William James. Nurutkeun Watson,naon waé anu inget jeung poho ditangtukeun ku
mindeng henteuna éta hal digunakeundilakukeun atawa gumantung éta hal naha dijadikeun kabiasan atawa henteu. Faktor anu nangtukeunana nyaéta
kabutuh.
7 Prosésthinkingjeung speech raket pisan patalina. Thinking nyaéta subvocal talking. Hartina, prosésmikir didadasaran ku kaparigelan nyarita. Prosés
mikir sarua jeung prosés nyarita anu henteu katingali, sanajan masih bisa katiténan tina gerakan biwir jeung gerakan awak séjénna.
8 Sumbangan utama Watson nyaéta pamadeganana anu kuat ngeunaan paripolah anu bisa dikontrol jeung aya hukum anu ngaturna. Ku nolakna
14
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
1
kana mind jeung kasadaran, Watson mampu ngahudangkeun deui sumangat obyéktivitas dina psikologi anu mukakeun jalan pikeun risét-risét émpiris dina
ékspérimén anu bisa dikontrol.
c. Clark L. Hull 1884 - 1952