35
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
4
KAGIATAN DIAJAR 4
TIORI JEUNG PRINSIP-PRINSIP DIAJAR NURUTKEUN KONSTRUKTIVISME
A. Tujuan
Saréngséna ngulik Kagiatan Diajar IV, Sadérék dipiharep mibanda kamampuh pikeun ngajéntrékeun
1. prinsip diajar nurutkeun konstruktivisme; 2. nataan tokoh konstruktivisme;
3. némbongkeun kaunggulan konstruktivisme; 4. némbongkeun kahéngkéran konstrukivtisme; jeung
5. ngalarapkeun konstruktivisme dina pangajaran.
B. Indikator KahontalnaKompeténsi
Indikator kahontalna kompeténsi dina ieu kagiatan diajar nyaéta: 1. bisa ngajéntrékeun prinsip diajar nurutkeun konstruktivisme;
2. bisa nataan tokoh konstruktivisme; 3. bisa némbongkeun kaunggulan konstruktivisme;
4. bisa némbongkeun kahéngkéran konstrukivtisme; jeung 5. bisa ngalarapkeun konstruktivisme dina pangajaran.
C. Pedaran Matéri
1. Tiori jeung Konsép Konstruktivisme
Istilah konstruktivisme ‗constructivism‘ mimiti dipaké dina taun 1710 ku filosof k
ognitif ‗Giambatista Vico‘. Manéhna ngébréhkeun yén hiji jalma bisa disebut nyangkem hiji hal lamun manéhna bisa ngajéntrékeun éta
hal. Saterusnamanéhna ngébréhkeun yénsaurang siswa lain individu anu ngan narima sacara pasif, tapi saurang siswa téh
‗active learner‟. Aya sawatara pamadegan ngeunaan définisi konstruktivisme anu
diébréhkeun ku sawatara ahli. Konstruktivisme nyaéta hiji filosofi pangajaran anu landasan prémisna yén ku cara ngaréfléksi pangalaman, manusa
36
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
4
ngawangunngarékonstruksi pangaweruhna ngeunaan dunya tempat hirupna Suyono dan Hariyanto, 2011:104. Sedengkan nurutkeun Cahyo 2013: 22,
konstruktivisme mangrupa salah sahiji filsafat pangaweruh anu inti pamadeganana nganggap yén pangaweruh téhnyaéta jieunan manusa
sorangan anu mangrupa hasil konstruksi kognitif ngaliwatan kagiatan individu ku cara nyieun struktur, katégori, konsép, jeung skéma anu
diperlukeun pikeun ngawangun éta pangaweruh. Trianto 2007:26 ogé ngébréhkeun yén tiori pembelajaran konstruktivisme mangrupa tiori
pembelajaran kognitif wanda anyar dina psikologi pendidikan anu mana siswa kudu manggihan sorangan jeung nransformasikeun informasi
kompléks; maluruh informasi anyar ku aturan-aturan heubeul jeung ngarévisi lamun éta aturan-aturan heubeul geus teu luyu deui.
Leuwih wincik Piaget ngébréhkeun yén konstruktivisme nyaéta konstruksi wangunan pangaweruh anu diwangun tina kagiatantindakan saurang
individu. éta pangaweruh téh ngalaman évolusi, sifatna saheulaanan, henteu statis, mangrupa prosés anu terus-terusan. Ari pangaweruhlain anu aya di
luar manusa, tapi aya dina jero diri individu anu ngawangun éta pangaweruh. Nurutkeun konstruktivisme, pangaweruh hiji jalma mangrupa hasil kontruksi
aktif individuna sorangan. Tina éta pedaran ébréhyén konstruktivisme anu diébréhkeun ku Piaget sifatna individual jeung leuwih museur kana prosés
internal.
Tina définisi-définisi tadi, bisa dicindekkeun yén tiori diajar kontruktivisme mangrupa tiori diajar anu meredih siswa supaya bisa ngonstruksi kagiatan
diajar jeung nransformasikeun informasi kompléks ti mimiti milih, ngama‘naan, nepi ka nguji bebeneran informasi anu ditarimana pikeun
ngawangun pangaweruh sacara aktif jeung kontinu.
2. Tokoh-tokoh Tokoh kontruktivisme di antarana Piaget jeung Vygotsky