Kasang Tukang Tujuan Modul BS B NUNUY 16 04 2016 150 hal.bey sip ok

1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 BUBUKA

A. Kasang Tukang

Program Guru Pembelajar Bahasa Sunda mangrupa salah sahiji stratégi dina ngabina guru jeung tenaga kependidikan sangkan guru jeung tenaga kependidikan mampuh miara, ningkatkeun, jeung mekarkeun kompeténsina luyu jeung standar nu geus ditangtukeun. Ieu program wajib dilaksanakeun luyu jeung kaperluan sarta kudu dilaksanakeun mayeng. Téhnis mekarkeun Guru Pembelajar bisa dilaksanakeun, boh sacara mandiri boh sacara kelompok. Pikeun ningkatkeunprofési sacara mandiri, diperlukeun ayana modul. Ku kituna, penyelenggara diklat Guru Pembelajar nyusun modul anu dirancang pikeun dideres sacara mandiri tur disusun dumasar kana tingkatan hasil Uji Kamampuh Guru UKG. Ari pengembangan diri sacara kelompok bisa dilaksanakeun ku cara kagiatan Kelompok Kerja Guru KKG atawa Musyawarah Guru Mata Pelajaran MGMP. Modul Program Guru Pembelajar Basa SundaKelompok Kompetensi B mangrupa salah sahiji modul anu diancokeun pikeun guru basa Sunda anu hasil UKG-na 11-20. Eusina ngawengku sabelas kagiatan diajar: 1 tiori jeung prinsip-prinsip diajar nurutkeun béhaviorisme; 2 tiori jeung prinsip- prinsip diajar nurutkeun nativisme; 3 tiori jeung prinsip-prinsip diajar nurutkeun kognitivisme; 4 tiori jeung prinsip-prinsip diajar nurutkeun konstruktivisme; 5 kalungguhan basa Sunda; 6 fungsi basa Sunda salaku basa daérah; 7 ciri basa Sunda lulugu; 8 ciri basa Sunda wewengkon; 9 wangun jeung unsur intrinsik sisindiran; 10 wangun jeung unsur pupujian; jeung 11 kaparigelan ngagunakeun basa: maca jeung ngapresiasi pupujian. 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016

B. Tujuan

Sacara umum tujuan anu dipiharep tina pedaran ieu modul nyaéta sangkan Sadérékmaham kana kurikulum jeung tiori katut prinsip-prinsip diajarna; paham kana matéri, struktur, konsép, jeung pola pikir paélmuan dina pangajaran basa Sunda; jeung mampuh ngaprésiasi karya sastra Sunda sacara reséptif jeung produktif. Sacara leuwih spésifik, tujuan anu dipiharep tina pedaran ieu modul nyaéta supaya Sadérék bisa: 1. ngajéntrékeun tiori diajar nurutkeun béhaviorisme, 2. ngajéntrékeun prinsip-prinsip diajar nurutkeun béhaviorisme, 3. ngajéntrékeun tiori diajar nurutkeun nativisme, 4. ngajéntrékeun prinsip-prinsip diajar nurutkeun nativisme, 5. ngajéntrékeun tiori diajar nurutkeun kognitivisme, 6. ngajéntrékeun prinsip-prinsip diajar nurutkeun kognitivisme, 7. ngajéntrékeun tiori diajar nurutkeun konstruktivisme, 8. ngajéntrékeun prinsip-prinsip diajar nurutkeun konstruktivisme, 9. nangtukeun kalungguhan basa Sunda, 10. ngaidéntifikasi fungsi basa Sunda salaku basa daérah, 11. nangtukeun ciri-ciri basa Sunda lulugu, 12. nangtukeun ciri basa Sunda wewengkon, 13. ngaidéntifikasi wangun sisindiran, 14. ngaidéntifikasi wangun pupujian, jeung 15. maca jeung ngapresiasi pupujian. 3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016

C. Peta Kompeténsi