62
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
5
dimimitian ku para birokrat, para pamingpin, para guru, para dai, ibu-ibu, jeung para tokoh masarakat lianna;
b. netepkeun basa Sunda jadi ―basa panganteur‖ atikan boh di sakola, luar
sakola boh di masarakat; c. netepkeun basa Sunda
jadi ―basa resmi kadua‖ sajaba ti basa Indonesia dina ngalaksanakeun tugas Pamaréntah Daérah ti mimiti tingkat provinsi,
tingkat kabupatenkota, tingkat kacamatan nepi ka tingkat désakelurahan; d. ngabantu medalna buku-buku pelajaran, modul atikan boh keur sakola,
luar sakola, boh keur masarakat; e. ngabelejagkeun jeung ngamangpaatkeun média massa basa Sunda, boh
citak boh éléktronik; f. ngagunakeun basa Sunda dina rupa-rupa aspék kahirupan masarakat
agama, ekonomi, pulitik, sosial, pendidikan, kaséhatan, lingkungan hirup, kabudayaan, pertahanan, jeung kaamanan titénan Bab III, Pasal 5 jeung
Bab IV, Pasal 7.
D. Kagiatan Diajar
Kagiatan diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap.
1. Titénan heula tujuan jeung indicator hontalan diajar. 2. Baca pedaran matéri ajar nu dipidangkeun.
3. Pigawé latihan atawa panceén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar. 4. Baca deui saliwat pedaran matéri ajar, tuluy titénan tur bandingkeun
jeung tingkesan matéri ajar. 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa sawala diskusi jeung
kancamitra séjénna.
E. LatihanKasusPancén
Jawab sakur pananya atawa paréntah ieu di handap 1. Kumaha ceuk pamadegan Sadérék perkara basa Sunda?
2. Jéntrékeun naon anu dimaksud basa sunda ték mibanda sifat arbitrér jeung konvénsional
3. Tétélakeun naon nu dimaksud masarakat basa? 4. Sebutkeun naon waé tarékah pikeun miara basa Sunda?
63
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
5
5. Nilik kana Perda nomor 5 taun 2003, sasaran naon waé nu hayang dihontal dina
―upaya perlindungan, pengembangan, pemberdayaan, dan pemanfaatan‖ éta basa Sunda?
F. Tingkesan
Dina kalungguhanana jadi basa daérah, basa Sunda miboga sababaraha fungsi kalungguhan di masarakatna, di antarana: lambang kareueus
daérah,lambang jatidiri daérah,pakakas atawa alat gaul di kulawarga jeung masarakat daérah,pangdeudeul basa nasional,basa panganteur di SD kelas-
kelas handap di Jawa Barat, jeungpakakas pikeun mekarkeun jeung ngadeudeul budaya Sunda.
Tarékah pikeun maluruh hakékat basa Sunda ditilik tina sifat basa. Basa téh mibanda sifat salaku 1 hiji sistem, 2 sora omongan vokal, 3 simbolis,
4 arbitrér, 5 unik, 6 hiji kabiasaan, 7 komunikatif, 8 kultural, 9 barobah, 10 rinéka, 11 ragem, 12 ngamasarakat, jeung 13 midunya.
Tarékah pikeun miara basa Sunda, diantarana nyaéta:ngayakeun rupa-rupa latihan, penataran, seminar, lokakarya, sawala, pasanggiri dina perkara
ngagunakeun basa Sunda nu hadé tur bener, dimimitian ku para birokrat, para pamingpin, para guru, para dai, ibu-ibu, jeung para tokoh masarakat
lianna;netepkeun basa Sunda
jadi ―basa panganteur‖ atikan boh di sakola, luar sakola boh dimasarakat;netepkeun basa Sunda
jadi ―basa resmi kadua‖ sajaba ti basa Indonesia dina ngalaksanakeun tugas Pamaréntah Daérah ti
mimiti tingkat provinsi, tingkat kabupatenkota, tingkat kacamatan nepi ka tingkat désakelurahan;ngabantu medalna buku-buku pelajaran, modul
atikan boh keur sakola, luar sakola, boh keur masarakat;ngabelejagkeun jeung ngamangpaatkeun média massa basa Sunda, boh citak boh
éléktronik;ngagunakeun basa Sunda dina rupa-rupa aspék kahirupan masarakat agama, ekonomi, pulitik, sosial, pendidikan, kaséhatan,
lingkungan hirup, kabudayaan, pertahanan, jeung kaamanan titénan Bab III, Pasal 5 jeung Bab IV, Pasal 7.
64
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
5
G. Uji Balik jeung Lajuning Laku