Kaunggulan jeung Kahéngkéran Larapna dina Pangajaran

40 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 4

4. Kaunggulan jeung Kahéngkéran

Kaunggulan tiori konstruktivisme nurutkeun Cahyo 2013 nyaéta guru lain hiji-hijina sumber diajar; siswa leuwih aktif jeung kréatif; pangajaran jadi leuwih boga ma‘na; siswa mibanda kabébasan;, ngabina sikep produktif jeung percaya diri; prosés evaluasi difokuskeun kana penilaian prose; jeung siswa jadi leuwih gampang paham. Sedengkeun kahéngkéran tiori konstruktivisme nyaéta dina meunangkeun informasi ngan lumangsung saarah; jeung guru henteu nransfer pangaweruhna anging ngan mantuan siswa.

5. Larapna dina Pangajaran

Konstruktivisme mentingkeun kamekaran lingkungan diajar. Hal ieu téh bisa ningkatkeun wangunan harti tina prespéktif ganda jeung informasi anu éféktif tur taliti tina peristiwa-peristiwa anu tumiba ka siswa. Ku kituna, guru perlu ngalakukeun hal-hal kieu: nyodorkeun masalah-masalah aktual ka siswa dina kontéks anu luyu jeung tingkat kamekaran siswa; pangajaran distruktur di sabudeureun konsép-konsép primér; ngarojong ka siswa pikeun ngébréhkeun patalekanana sorangan; méré lolongkrang ka siswa pikeun manggihan jawabanana tina patalekanana sorangan; nambahan kawani ka siswa pikeun ngébréhkeun pamadeganana jeung ngajénan puseur implengan siswa; nitah siswa digawé dina kelompokna; jeung ngajén prosés jeung hasil diajar siswa dina kontéks pangajaran. Sedengkeun nurutkeun Suprijono 2011:40, pangajaran konstruktivisme mangrupa diajar artikulasi. Diajar artikulasi nyaétaprosés ngartikulasikan ide, pikiran, jeung solusi. Implikasi konstruktivisme dina pangajaran kabagi kana sababaraha fase. Oriéntasi, mangrupa fase anu méré kasempatan ka siswa pikeun merhatikeun jeung mekarkeun motivasi kana topik matéri pangajaran Elicitasi, mangrupa fase nu mantuan siswa pikeun ngagali ide-ide anu aya dina dirina ku cara méré lolongkrang ka siswa dina nyawalakeun atawa ngagambarkeun pangaweruh dasar atawa idena. Restruksi ide, dina ieu fasesiswangalakukeun klarifikasi ide ku cara ngontraskeun ide-idenajeung ide jalma séjén. 41 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 4 Aplikasi ide, dina ieu fase, ide atawa pangaweruh anugeus diwangun ku siswa perlu diaplikasikeun dinarupa-rupa situasi anu disanghareupan. Reviu, dina ieu fase siswa ngaplikasikeun pangaweruhna dina situasi anu disanghareupan sapopoéna;ngarévisi gagasannaanu kurangku cara nambahan katerangan atawaku cara ngarobahéta gagasan sina jadi leuwih lengkep. Pamarekan konstruktivisme dinaproséspangajaran ngahasilkan modeldiajar di antarana: - Discovery Learning Discovery Learning mangrupa prosés pangjaran anu museurkana mentalintéléktual para siswa dina ngungkulan sakur pasualan anu disanghareupan, tug nepi ka manggihan hiji konsép atawa generalisasi anubisa dilarapkeun di lapangan Illahi, 2012: 29. Modél pangajaran ieubisa ngarobah kondisi siswa anu pasif jadi aktif jeungkréatif. Bisa ngarobah pangajaran anuteacher oriented jadi student oriented. Ieu modélogé ngarobah tina modus expository kana modus discovery anu nungtut siswa sacara aktif nimukeun informasi sorangan kalawan bingbingan guru. Reception Learning Modélreception learning nungtut guru pikeun nyiapkan situasi diajar, milih matéri - matéri anuluyupikeun siswa, jeung saterusnanepikan éta matéri dina prosés pangajaran anudisusun ti hal-hal anu umum ka nu husus. Nurutkeun Ausubel, umumna jalma meunang élmutéh pangaweruh ku cara narima, lain ku manggihan sorangan. Assisted Learning Assisted learning miboga mangfaat kacida pentingna dina kamekaran individu. Nurutkeun Vygotsky, kamekaran kognitif bakal lumangsung ku ayana prosés interaksi jeung komunikasi hiji siswa jeung lingkungan sabudeureunana. Pihak séjén disebut pangaping atawa guru. Active Learning Active learning mangrupa hiji pamarekan dina pengelolaan sistim pangajaran ku cara-diajar aktif jeung mandiri. Diajar aktif mangrupa stratégi diajar anu prosés diajar ngajarna ngagunakan rupa-rupamétodeanu museurkeun 42 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 4 kaaktifan siswa jeung ngalibetkan poténsi siswa, boh sacara fisik, méntal, émosional boh intéléktual pikeun ngahontal tujuan pendidikan anu aya hubungan jeung wawasan kognitif, aféktif, jeung psikomotorik sacara optimal. Kontékstual Learning Kontékstual learning atawa pangajaran kontéktual mangrupa hiji prosés pendidikan anu holistik jeung miboga tujuan ngamotivasi siswa dina nyangkem mana matéri pangajaran anu diulikna ku cara matalikeun éta matéri jeung kontéks kahirupan siswa sapopoé. Quantum Learning Quantum learning nyaéta pangajaran anu bisa ngarobah suasana diajar jadi pikaresepeun sarta ngarobah kamampuh jeung bakat alamiah siswa jadi cahaya anu mangfaat pikeun dirina sorangan ogé pikeun jalma séjén. Tiori kostruktivisme sacara umum mangrupa gabungan larapna konsép Piaget jeung Vygotsky dina pangajaran saperti anu kaunggel dina ieu tabel Suyono dan Hariyanto:2011. Pendidikan Ngahasilkan individu atawasiswa anu miboga kamapuhmikir pikeunnuntaskeun unggal masalah anu disanghareupan. Kurikulum Konstruktivisme henteu merlukan kurikulumanu standar tapi diluyukeun jeung pangaweruh siswa. Pangajaran Guru fokus kanacara nyusun hubungan antara fakta- fakta sarta mageuhan beunangna pangaweruh anyar siswa. Pembelajaran Siswa dipiharep terus aktif jeung bisa manggihan cara diajar anuluyukeur dirina. Penilaian Henteu merlukeun tés anu baku ngan merlukan penilaian prosés 43 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 4

D. Kagiatan Diajar