20
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
2
Tapi faktor bawaan lain hiji-hijina faktor anu nangtukeun kamekaran, masih loba faktor séjén anu mangaruhanana. Pamadegan konvérgénsi bakal
ngajéntrékeun dua faktor ieu: bawaan hereditas jeung lingkungan dina kamekaran siswa. Aya hiji poko pamadegan aliran nativisme anu
mangaruhan pisan diri individu nyaéta
―inti― pribadi G.Leibnitz;Monad anu ngarojong manusa pikeun ngawujudkeun diri, nangntukeun pilihan jeung
kahayangna sorangan, jeung nempatkeun manusa jadi makhluk aktif anu miboga kahayang anu bébas.
Pamadegan séjénna ngébréhkeun yén nativisme asalna tina kecap ‗nativus,
anu hartina ‗kelahiran‘. Ieu tiori muncul tina filsafat nativisme anu mangrupa filsafat idéalisme anu ngahasilkeun hiji anggapan yén kamekaran siswa
ditangtukeun ku hereditas, bawaan ti mimiti lahir, jeung faktor alam anu kodrati. Ngaliwatan ieu tiori, Arthur Schopenhauer ngébréhkan yén anu
bawaanana goréng bakal jadi goréng; anu bawaanana hadé jadi hadé tanpa pangaruh lingkungan nu aya.
Ieu tiori nganggap yénfaktor bawaan anu sifatna kodrati henteu bisa dirobah ku alam sakurilingna atawa ku atikan. Arthur Schaupenhaur ngébréhkeun
anu jahat bakal jadi jahat;anu hadé bakal jadi hadé. Ieu tiori lawan tina tiori béhaviorisme,. Tiori nativisme mangrupa dasar pamikiran yénhasil henteuna
atikan henteu ditangtukeun ku faktor atikan jeung lingkungan éta siswa. Hartina, lingkungan henteu boga kakuatan dina mangaruhan kamekaran
siswa.
Kamampuh saurang siswabisa dipangaruhankusababaraha faktor intern diantarana:
1. Faktor Génétik Nyaétafaktor gén ti kolotna anungarojong ayana hiji bakat anu muncul ti diri
manusa. Contona, lamun indung bapana biduan, mangka anakna ogéboga
bakat jadi biduan anu perséntaseéta bakat nyanyi téh luhur mungguh ieu tiori mah
2. Faktor Kamampuh Siswa
Nyaéta faktor anu ngajadikan hiji siswa mikanyaho poténsi anu aya dina dirina. Faktor ieu leuwih nyata sabab siswa bisa mekarkeun poténsi anu aya
21
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
2
dina dirina. Contona, nalika aya kagiatan ékstrakulikulér pidato siswa kata pikeun miluan éta kagiatan guna mekarkeun bakat anu aya dina dirina.
3. Faktor Tumuwuhna Budak
Nyaéta faktor anu ngarojong siswa pikeun mikanyaho bakat jeung minatna dina unggal tumuwuh jeung mekarna sacara alami nepi ka tumuwuhna éta
budak téh normal. Éta budak bakal boga sikep énérjik, aktif, jeung responsifkana kamampuhna. Sabalikna, lamun tumuwuhna éta budak
henteu normal mangka éta budak téh moal bisa mikawanoh kana bakat jeung kamampuan.
Faktor-faktor étaanu mangaruhankanakamekaran sarta kadewasaan atikan budak. Ku ayana tilu faktor tadi bisa ngajadikeun saurang siswa masagi
jeung miboga kadewasaan.
4.
Tokoh-tokoh
Tokoh aliran Nativisme di antarana:1 Schopenhaur filsuf Jerman 1788- 1860 jeung 2Noam Chomsky dina awal tahun 1960.
5. Kaunggulan jeung Kahéngkéran a. Kaunggulan
1 Mampu ngamunculkeun bakat dirina Ieu tiori miharep manusa bisa ngaoptimalkan bakatna, sabab ku ieu tiori
hiji jalma bisa mikawanoh kana bakat dirina anu bisa dimekarkeun ku manéhna. Ku ieu hal bakal ngagampangkeun manusa pikeun mekarkeun
hiji bakat anu engkéna bakal nangtukeun kamajuan dina hirupna.
2 Ngarojong manusa ngawujudkan dirina anu boga kompeténsi Jadi,ku ieu tiori dipiharep unggal manusa kudu leuwih kréatifjeung inovatif
dina upaya mekarkeun bakat jeung minat sangkan jadi manusa anukompetén jeung kompetitif dina nyanghareupan tangtangan zaman
kiwari anu terus leuwih ngabutuhkeun manusa unggul anu kompetén.
3 Ngarojong manusa dina nangtukeun pilihan Ieu tiori miharep manusa bisa ngabogaan sikep leuwih bijaksana dina
nangtukeun pilihanana, jeung lamun manusa geus nangtukeun pilihanana, mangka manéhna bakal komitmen jeung nyekel pageuh kana
22
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
2
pilihanana jeung bakal yakin yén hiji halanu dipilihna mangrupa anu panghadé na pikeun dirina.
4 Ngarojong manusa pikeun mekarkeun poténsi dirina Ieu tori nétélakeun yén anu ngajadikan manusa boga peran aktif dina
mekarkeun poténsi dirina nyaéta ciri khas atawa ciri khusus jati dirina.
5 Ngarojong manusa mikawanoh kana bakat minatna Ku ayana ieu tiori, mangka manusa bakal gampang mikawanoh bakatna.
Leuwih awal manusa mikawanoh bakatna, nyaéta manusa bakal leuwih ngamaksimalkeunbakatna supaya mekar leuwih optimal.
b Kahéngkéran
Ieu tiori nganggap saolah-olah sifat-sifat manusia henteu bisa dirobah sabab geus ditangtukeun ku sifat-sifat bawaan. Lamun bawaanana hadé,
mangka bakal jadi hadé; lamun bawanana jahat, mangka bakal jadi jahat. Jadi, sifat manusa mah permanén henteu bisa dirobah. Ieu tiori nganggap
atikan jadi hiji hal anu pesimistis.
4. Larapna dina Pangajaran