Wangenan Sisindiran Pedaran Matéri

93 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 9 KAGIATAN DIAJAR 9 STRUKTUR PUISI SISINDIRAN

A. Tujuan

Tujuan kagiatan diajar Ix ngawengku ieu tujuan di handap. 1. Sanggeus maca pedaran, Sadérék mampuh ngajéntrékeun wangenan sisindiran kalawan bener. 2. Sanggeus tanya jawab, Sadérék mampuh méré conto sisindiran basa Sunda jeung pantun basa Indonesia kalawan taliti. 3. Sanggeus sawala, Sadérék mampuh ngajéntrékeun wangun jeung unsur instrinsik sisindiran kalawan taliti. 4. Sanggeus sawala, Sadérék mampuh ngajéntrékeun wangun jeung unsur intrinsik wawangsalan kalawan bener. 5. Sanggeus sawala, Sadérék mampuh méré conto wangun jeung unsur intrinsik rarakitan kalawan taliti. 6. Sanggeus sawala, Sadérék mampuh méré conto wangun jeung unsur intrinsik paparikan kalawan taliti.

B. Indikator Kahontalna Kompetensi

Indikator KahontalnaKompeténsi kagiatan diajar IXngawengku ieu di handap. 1. Ngajéntrékeun wangenan sisindiran. 2. Méré conto sisindiran basa Sunda jeung pantun basa Indonesia. 3. Ngajéntrékeun wangun jeung unsur instrinsik sisindiran. 4. Ngajéntrékeun wangun jeung unsur intrinsik wawangsalan. 5. Méré conto wangun jeung unsur intrinsik rarakitan. 6. Méré conto wangun jeung unsur intrinsik paparikan.

C. Pedaran Matéri

1. Wangenan Sisindiran

Sisindiran mangrupa hiji kabinangkitan pikeun urang Sunda. Séké sélér séjén ogé barogaeun kabinangkitan anu sarimbag jeung urang Sunda. Hirup huripna sisindiran méh teu kapapay, teuing saha nu ngamimitian 94 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 9 jeung ti iraha dimimitianana. Éta kabinangkitan anu mangrupa sisindiran téh, kiwari mah geus méh paéh kadéséh ku ayana pangaruh téhnologi. Malah moal boa geus dianggap musnah ku sawatara kelompok urang Sunda, pangpangna pikeun maranéhna nu geus teu maliré kana budaya Sunda. Nyiptakeun suasana diajar-ngajar sangkan dipikaresep turta matak pogot mikeun siswatéh taya lian gumantung kana métode jeung téhnik ngajarna, jaba ti étaogé cara milih jeung nangtukeun bahan pangajaranana deuih. Sisindiran téh kaasup wangun sastra pituin Sunda jadi hartina hasil kabinangkitan pituin urang Sunda, malah lain ngan urang Sunda wungkul tapi bangsa Indonesia dina basa Indonesia sisindiran téh = pantun. Sisindiran nurutkeun tatabasa mah wangunan kecap kaasup kecap rajékan dwipurwa, asal kecapna tina sindir. Sindir dihartikeun salaku kecap atawa omongan anu henteu langsung ka nu dimaksud henteu togmol tapi dibalibirkeun ngomong malibir. Sindir sampir nya éta ngomong ku sindir biasana leuwih ti sakali, mindeng serta boga tujuan maksud anu kurang hadé. Sisindiran téh hiji cara pikeun ngedalkeun kereteg atawa naon-naon nu aya dina eusi haté ku jalan dibalibirkeun. Numutkeun M.A. Salmun mah dina buku Kandaga Kasusastran, sisindiran nyaéta kasenian ngaréka basa anu diwangun ku cangkang jeung eusi, pikeun ngedalkeun maksud anu henteu saceplakna bari dipambrih karesmianana. Anu jadi patalékan, naha kabinangkitan sisindiran téh masih kénéh dianggap perlu pikeun diajarkeun? Urang salaku urang Sunda, geus tangtu bakal ngajawab saklek, perlu. Lamun nganggap éta kabinangkitan sisindiran téh perlu diajarkeun, cara kumaha anu pangéféktifna sangkan siswa di sakola, raresepeun jeung pogot diajar sisindiran? 95 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 9

2. Sisindiran dina Basa Sunda jeung Pantun dina Basa Indonesia