Clark L. Hull 1884 - 1952 Edwin Guthrie Burrhus Frederic Skinner 1904 - 1990

14 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 1 kana mind jeung kasadaran, Watson mampu ngahudangkeun deui sumangat obyéktivitas dina psikologi anu mukakeun jalan pikeun risét-risét émpiris dina ékspérimén anu bisa dikontrol.

c. Clark L. Hull 1884 - 1952

Clark Hull ngagunakan variabel hubungan antara stimulus jeung résponpikeun ngajelaskeun harti diajar. Nurutkeun Clark Hull, sakumna fungsi tingkah laku boga mangfaat pikeun ngajaga organisme tetep hirup. Ku kituna, Hull ngébréhkeun yénkaperluan biologis drive jeung pemuasankaperluan biologis drive reduction téhpenting dina nempatkeun posisi séntral tina sakabéh kagiatan manusa, nepi ka stimulus dina diajarogéampir salilana dipatalikeun jeung kabutuh biologis, sanajan réspon anubakal muncul mungkin béda-béda. Prinsip-prinsip utama tiori Clark L. Hull : • Reinforcement mangrupa faktor penting dina diajar. • Prosésdiajar bisa lumangsung, lamun geus aya kasaimbangan biologis. Hal ieu nembongkeun pangaruh tiori Darwin anu mentingkeun adaptasi biologis organism.

d. Edwin Guthrie

Azasdiajar Guthrie anu utama nyaétahukum kontiguitianu mangrupagabungan stimulus-stimulus anu dibarengan ku gerakan. Guthrie ngagunakeun variabel hubungan stimulus jeung réspon pikeun ngajelaskeun lumangsungna prosésdiajar. Hubungan antara stimulus jeungréspon sifatna sementara, sahingga dina kagiatan diajar siswa perlu mindeng dibéré stimulus supaya hubungan stimulus jeung réspon sifatna leuwih kuat jeung rélatif angger. Guthrie ogé percaya yén hukuman punishment ogé penting dina prosésdiajar. Hukuman anu dibikeun dina waktu anu merenah bakal mampuh ngarobah tingkah laku siswa. 15 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 1

e. Burrhus Frederic Skinner 1904 - 1990

Konsép-konsép Skinner ngeunaan diajar leuwih unggul konséptibatan konséppara tokoh saméméhna. Manéhna mampu ngajelaskeun konsépdiajar sacara basajan tapi leuwih kompréhénsif. Nurutkeun Skinner hubungan antara stimulus jeungrésponlumangsungku cara interaksi jeung lingkunganana, anu saterusna nimbulkeun parobahan tingkah laku. Réspon anu ditarima ku saurang siswangayakeuninteraksi antarstimulus anu hal ieu téh bakal mangaruhankana réspon anu dihasilkeun. Réspon anu dibikeun miboga konsékuénsi-konsékuénsi.Konsékuénsi-konsékuénsi ieu pisan anu engkéna mangaruhan kana munculna paripolah. Ku sabab kitu, dina nyangkem tingkah laku siswa ku cara anu bener kudu paham kana hubungan antarstimulus, sarta paham kana konsép anu mungkin dimunculkeun jeung sawatara konsékuénsi anu mungkin muncul akibat étaréspon. Skinner nétélakeun yén ku ngagunakeun parobahan- parobahan méntaldina nerangkeun tingkah laku ngan nambah ruwedna masalah sabab perlu diterangkeun deui.

3. Kaunggulan jeung Kahéngkéran a. Kaunggulan