Ciri jeung Prinsip Tiori Diajar Konstruktivisme

38 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 4 - Kasaimbangan Ku ayana kasaimbangan, éfisiénsi interaksi antar siswa anukeur mekarjeung lingkunganana bakal kajamin jeung kahontal. Piaget ngabagi fase kamekaran manusa kanaopat kamekaran saperti kieu: Tahapan Umur Gambaran Sénsorimotor 0-2 Orok gerak tina tindakan réflék instingtif ti mimiti lahir nepi ka mikir simbolis. Orokngawangun pamahaman kana dunya ngaliwatan pengoorganisasian pangalaman-pangalaman sénsor jeung tindakan fisik Operational 2-7 Budak mimiti mréséntasikeun dunya ku kecap- kecap jeungku gambar-gambar. Concerte operational 7-11 Dina ieu tahap, budak bisa mikir sacara logis ngeunaan kajadian-kajadian konkret Formal operational 11-15 mangsa rumaja mikir ku cara anu leuwih abstrak jeung logis. Mikirna leuwih idéalistik. Vygotsky ngébréhkeun yénprosés diajar bisa lumangsung nali kasiswa rancagé atawa diajar migawépancén-pancén anucan diulik ku manéhna, tapi éta pancén-pancén téhmasih aya dina hontalan kamampuh siswa atawa eta pancén-pancén téh masih aya dina zone of proximal development Trianto:2007:29.

3. Ciri jeung Prinsip Tiori Diajar Konstruktivisme

Diajar nyaéta hiji prosés anu ngarobah paripolah organisme akibat tina pangalaman. Tina ieu wangenan, ébréh yén aya dua hal anu penting dina diajar, nyeta paripolah jeung pangalaman. Paripolah patali jeung aksi atawa tindakan. Anu jadi ciri utamana téh paripolah verbal manusa, sabab tina tindakan-tindakan nyarita atawa nulis bakal kagambar aya henteuna parobahan pa ripolah manusa. Parobahan tina asalna nyebut ‗ngagegel‘ jadi ‗ngegel‘; parobahan asalna nulis ‗didieu‘ jadi ‗di dieu‘ bisa ngagambarkeun yén prosés diajar geus lumangsung. Ari pangalaman anu dimaksud di dieu nyaéta pangalaman anu kaalaman ku siswa dina waktu prosés diajar. 39 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 4 Aya rupa-rupa parobahan pangalaman. - Diajar tingkat emosional anu primitif, aya parobahan paripolah anu disababkeun ku stimulus anu dikondisikeun jeung anu henteu dikondisikeun. - Diajar kontiguitas, masangkeun dua peristiwa dina sawaktu. Upamana, ilmuwan digambarkeun ku individu anu make tasma; indung tere pasti galak, jst. - Diajar operant, konsekuensi mangaruhan dibalikkan deui henteuna paripolah individu. - Diajar observasional, pangalaman diajar téh mangrupa hasil observasi manusa kana kana kajadian-kajadian. - Diajar kognitif, lumangsung lamun manusa titen tur paham kana kajadian- kajadian anu lumangsung di sabudeureun manusa. Ciri pangajaran nurutkeun konstruktivisme Cahyo:2013 nyaéta museur kana prosés diajar, ngarojong kamandirian jeung inisiatif diajar dina diri siswa. Cindekna, tiori konstruktivisme nganggap yén diajar mangrupa hiji prosés; henteu museur kana hasil, ngarojong siswa sangkan mampuh ngalakukan panalungtikan, ngarojong mekarna rasa hayang nyaho sacara alami, évaluasi diajar leuwih museur kana kinerja jeung pamahaman siswa, sangat ngarojong pisan lumangsungna diajar kooperatif, loba ngagunakeun istilah nu patali jeung kognitif pikeun ngajelaskan prosés pangajaran, saperti: prédiksi, inférénsi, kréasi, analisis, jst. Prinsip-prinsip konstruktivisme anu dilarapkan dina prosés diajar-ngajar nyaéta pangaweruh diwangun ku siswa; pangaweruh henteu bisa dipindahkeun ti guru ka siswa, anging ngan ku kaaktifan siswa éta sorangan; siswa aktif ngontruksi sacara terus- terusan nepi ka kajadian ayana parobahan konsép ilmiah.; guru ngan mantuan nyadiakeun sarana jeung situasi sangkan prosés konstruksi lumangsung lancar, miharep jeung ngajén pamadegan siswa;, jeung nyaluyukeun kurikulum pikeun ngawadahan tanggapan siswa. 40 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 4

4. Kaunggulan jeung Kahéngkéran