Tokoh-tokoh Tokoh kontruktivisme di antarana Piaget jeung Vygotsky

36 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 4 ngawangunngarékonstruksi pangaweruhna ngeunaan dunya tempat hirupna Suyono dan Hariyanto, 2011:104. Sedengkan nurutkeun Cahyo 2013: 22, konstruktivisme mangrupa salah sahiji filsafat pangaweruh anu inti pamadeganana nganggap yén pangaweruh téhnyaéta jieunan manusa sorangan anu mangrupa hasil konstruksi kognitif ngaliwatan kagiatan individu ku cara nyieun struktur, katégori, konsép, jeung skéma anu diperlukeun pikeun ngawangun éta pangaweruh. Trianto 2007:26 ogé ngébréhkeun yén tiori pembelajaran konstruktivisme mangrupa tiori pembelajaran kognitif wanda anyar dina psikologi pendidikan anu mana siswa kudu manggihan sorangan jeung nransformasikeun informasi kompléks; maluruh informasi anyar ku aturan-aturan heubeul jeung ngarévisi lamun éta aturan-aturan heubeul geus teu luyu deui. Leuwih wincik Piaget ngébréhkeun yén konstruktivisme nyaéta konstruksi wangunan pangaweruh anu diwangun tina kagiatantindakan saurang individu. éta pangaweruh téh ngalaman évolusi, sifatna saheulaanan, henteu statis, mangrupa prosés anu terus-terusan. Ari pangaweruhlain anu aya di luar manusa, tapi aya dina jero diri individu anu ngawangun éta pangaweruh. Nurutkeun konstruktivisme, pangaweruh hiji jalma mangrupa hasil kontruksi aktif individuna sorangan. Tina éta pedaran ébréhyén konstruktivisme anu diébréhkeun ku Piaget sifatna individual jeung leuwih museur kana prosés internal. Tina définisi-définisi tadi, bisa dicindekkeun yén tiori diajar kontruktivisme mangrupa tiori diajar anu meredih siswa supaya bisa ngonstruksi kagiatan diajar jeung nransformasikeun informasi kompléks ti mimiti milih, ngama‘naan, nepi ka nguji bebeneran informasi anu ditarimana pikeun ngawangun pangaweruh sacara aktif jeung kontinu.

2. Tokoh-tokoh Tokoh kontruktivisme di antarana Piaget jeung Vygotsky

Piaget ngébréhkeun yén kamekaran siswa ngawangun struktur kognitif atawa pétaméntal na anu diistilahkeun ―schemaskéma‖ atawa pétakonsép pikeun nyangkem jeung ngaréspon pangalaman fisik tina lingkungan di sabudeureunana Suyono Hariyanto, 2011:107. Saterusna Piaget 37 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 4 nerangkeun yén manusa mibanda struktur pangaweruh dina otakna, saperti kotak-kotak anu masing-masing miboga ma ‘na anubéda-béda. Ku sabab kitu, dinaprosésdiajar lumangsung dua prosés, nyaétaprosés organisasi informasi jeung adaptasi Cahyo, 2013: 37. Prosés organisasi nyaétaproséswaktu manusa ngahubungkeun informasi anu ditarimana jeung struktur-struktur pangaweruh anugeus ditunda atawageus nyampak saméméhna dina otak. Sedengkan prosés adaptasi nyaétaprosés anu eusina dua kagiatan. Kahiji, ngahubungkan atawa ngaintergrasikeun pangaweruh anu ditarima ku manusa atawa nu disebut asimilasi. Kedua, ngarobah struktur pangaweruh anyar nepi ka lumangsung hiji kasinambungan equilibrium. Ari prosés ngarekonstruksi, sakumaha anu dijelaskan ku Piaget, nyaéta saperti kieu Cahyo, 2013: - Skémata Piaget ngutarakeun yén skémata jalma dewasa dimimitian tiskématabudak ngaliwatanprosés adaptasi nepi kapenataanjeung organisasi. Beuki mampuhhiji jalmangabédakan hiji stimulus jeung stimulus séjénna, mangka beukiloba skématana. Ku kituna, schematanyaéta struktur organisasi kognitif anu salilana mekar jeung robah. Prosés anu nyababkeun ayana parobahan nyaéta asimilasi jeung akomodasi. - Asimilasi Asimilasi mangrupa prosés kognitif jeungpenyerapananyarnalika hiji jalmangahijikeun stimulus atawa presépsi kanaskémata atawa paripolah anugeus aya. Asimilasi téh henteu bisa ngarobah skémata, tapi mangaruhan atawamungkin waé bisa nimbulkeun tumuwuhnaskémata. Asimilasi lumangsung sacara kontinu dina kamekaran intéléktual anak. - Akomodasi Akomodasi nyaétaprosés struktur kognitif anu lumangsung luyu jeung pengalaman anyar. Prosésakomodasi ngahasilkeun wangunan schemata anyar jeung robahna schemata heubeul. 38 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 4 - Kasaimbangan Ku ayana kasaimbangan, éfisiénsi interaksi antar siswa anukeur mekarjeung lingkunganana bakal kajamin jeung kahontal. Piaget ngabagi fase kamekaran manusa kanaopat kamekaran saperti kieu: Tahapan Umur Gambaran Sénsorimotor 0-2 Orok gerak tina tindakan réflék instingtif ti mimiti lahir nepi ka mikir simbolis. Orokngawangun pamahaman kana dunya ngaliwatan pengoorganisasian pangalaman-pangalaman sénsor jeung tindakan fisik Operational 2-7 Budak mimiti mréséntasikeun dunya ku kecap- kecap jeungku gambar-gambar. Concerte operational 7-11 Dina ieu tahap, budak bisa mikir sacara logis ngeunaan kajadian-kajadian konkret Formal operational 11-15 mangsa rumaja mikir ku cara anu leuwih abstrak jeung logis. Mikirna leuwih idéalistik. Vygotsky ngébréhkeun yénprosés diajar bisa lumangsung nali kasiswa rancagé atawa diajar migawépancén-pancén anucan diulik ku manéhna, tapi éta pancén-pancén téhmasih aya dina hontalan kamampuh siswa atawa eta pancén-pancén téh masih aya dina zone of proximal development Trianto:2007:29.

3. Ciri jeung Prinsip Tiori Diajar Konstruktivisme