Edward Lee Thorndike 1874 - 1949 Nurutkeun Thorndike aya tilu hukum

11 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 1 Prinsip-prinsipTiori Béhaviorisme a. Paripolah nyata jeung bisadiukur miboga mana nu tangtu, lain mangrupa wujud tina jiwa atawaméntal anu abstrak b. Aspékméntal tina kasadaran anuhenteu mibogawangun fisik kudu disingkahan. c. Pandangan utamana ti Watson : overt, observable béhavior, mangrupa hiji- hijina subyék anu sah tinaélmu psikologi anu bener. d. Dina kamekaranana, pamadegan Watson anuékstrim ieu dimekarkeun deui ku para béhaviorist ku cara ngajembaranambahan ulikanbéhaviorisme anu ahirna mah pandangan béhaviorisme jadi henteu ékstrem teuing saperti anu diébréhkeun ku Watson, nyaéta ku ngalibetkeunana faktor-faktor internal, sok sanajan fokus kanaovert béhaviormasih angger aya. e. Aliran béhaviorisme geus nyumbangkeun métodena anu positivistik dina kamekaran élmu psikologi. f. Loba ahli anu ngabagi béhaviorisme kana dua periode:béhaviorisme awal jeung béhaviorisme ahir. 2. Tokoh-Tokoh Béhaviorisme

a. Edward Lee Thorndike 1874 - 1949 Nurutkeun Thorndike aya tilu hukum

diajar anu utama. 1 The Law of Effect Hukum Akibat Hukum akibat nyaéta hubungan stimulus réspon anukamungkinan leuwih kuat lamun akibatna nyenangkeunjeungkamungkinan bakal héngkér lamun akibatna henteu matak nyugemakeun. Cindekna, ieu hukum téhnémbongkeun kana beuki kuat atawa beuki héngkérna konéksi tina hasil paripolah. Paripolah anu dibarengan akibat anu nyugemakeun bakal leuwih dipertahankeun jeung bakal dibalikkan deui dina waktu séjén. Sabalikna, paripolah anu akibatna henteu ngadatangkeun kasugemaan, éta paripolah téh bakal dieureunan jeung moal dibalikkan deui. Konéksi antara kesan panca indera jeung paripolahna bisa jadi leuwih kuat atawa leuwih héngkér , gumantung kana ―buah‖ hasil paripolah anu pernah dilakukeun. Upamana, lamun siswa migawé PR, bakal nyenangkeun 12 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 1 guruna. Tapi lamun teu migawé PR, manéhna bakal dihukum. Paripolah migawé PR bakal ngawangun sikapna. 2 The Law of ExerciseHukum Latihan Hukum latihan nyaétabeukimindeng tingkah laku dilatih digunakeun, mangka étaasosiasi bakal leuwih kuat. Di dieu, hukum latihan boga harti dua hal: • The Law of Use : hubungan-hubungan atawakonéksi-konéksi bakal tambah kuat, lamunaya latihan anu sifatna leuwih nguatan éta hubungan. • The Law of Disue : hubungan-hubungan atawakonéksi-konéksibakal tambah héngkér, lamun latihan-latihan dieureunkeun. 3 The Law of Readiness Hukum Kasayagaan Hukum kasayagaannaétabeuki sayagana hiji organisme pikeun meunangkeun parobahan tingkah laku, mangka lumangsungna parobahan éta tingkah laku bakal nimbulkeun kasugemaan individu nepi ka asosiasina jadi leuwih kuat. Prinsip utama tiori konéksionisme nyaétadiajar mangrupa hiji kagiatan ngawangun asosiasi connection antara kesan panca indera jeung kahayang pikeun migawé hiji hal. Upamana, lamun siswa ngarasa resep atawa kataji ku kagiatan kupat- kaput, nya manéhna bakal migawé éta hal. Lamun kupat-kaputna dilaksanakeun, manéhna bakal ngarasa sugema diajar ngaput bakal ngahasilkeun hiji préstasi anu nyugemakeun.

b. John Watson 1878 - 1958