17
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
1
disiplin jadi penting dina diajar, nepi ka pangajaran leuwih dipatalikeun kana disiplin. Kagagalan dina nambah élmu dikatégorikeun kasalahan anu perlu
dihukum jeung kasuksésan diajar atawa dina ngahontal hiji kaparigelan dikatégorikeun jadi perilaku anu pantes dibéré hadiah. Taat kana aturan
dianggap panangtu kasuksésan diajar. Siswa téhobjék anu kudu boga paripolah luyu jeung aturan, atuh kontrol diajar kudu dijalankeun ku sistem
anu aya di luar diri siswa. Tujuan pangajaran nurutkeun tiori béhaviorisme museur kana nambahan
pangaweruh. Pangajaran kudu nuturkeun urutan kurikulum, atuh kagiatan diajarna leuwih loba didasarkeun kana buku téksbuku wajib anu kudu
museur kana kaparigelan nepikeun deui eusi éta buku téksbuku wajib. Lian ti éta, pangajaran jeung évaluasi leuwih nyoko kana hasil diajar.
Évaluasinyokokana réspon pasif jeung kaparigelan anu misah-misah. Ieu tiori ini leuwih nyoko kana évaluasianu meunteun kamampuh siswa sacara
individual.
D. Kagiatan Diajar
Kagiatan diajar anu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap.
1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna diajar. 2. Baca pedaran matéri ajar nu dipidangkeun.
3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar. 4. Baca deui saliwat pedaran matéri ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung
tingkesan matéri ajar. 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa sawala diskusi jeung
kancamitra séjénna.
E. Latihan Kasus Pancén
Jawab sakur pananyaparéntah ieu di handap 1. Terangkeun hakékat tiori diajar nurutkeun béhaviorisme
2. Jéntrékeun prinsip diajar nurutkeun béhaviorisme 3. Tataan tokoh béhaviorisme
4. Tuduhkeun kaunggulan jeung kahéngkéran béhaviorisme 5. Pék larapkeun béhaviorisme dina pangajaran
18
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
1
F. Tingkesan
Diajar téh hiji prosés anu nuduhkan ayana hiji kagiatan atawa robahna hiji kagiatan akibat ayana réaksikana hiji kaayaan. Aliran béhavioristik museur
kana parobahan tingkah laku hiji jalma. Hiji jalma ngalakukeun hiji tindakan
—hal ieu akibat tina interaksi antara stimulus jeung réspon. Tiori béhaviorisme dimekarkeun ku Watson, Thorndike, jeung Skinner.Nurutkeun
Thorndike, diajar mangrupa prosés interaksi antara stimulus jeung réspon, parobahan tingkah laku téh bisa konkrit bisa dititénan atawa bisa abstrak
henteu bisa dititénan. Asumsi tiiori Watson yén urang bisa ngaramalkeun paripolah anu bakal dipigawe ku siswa. Tiori Skinner, réspon siswa téh
henteu basajan, sabab dina unggal stimulus pasti aya interaksi jeung nu séjénna.
G. Uji Balik jeung Lajuning Laku
Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna,
tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap nyangkem Sadérék kana matéri ajar.
Rumus:
Jumlah jawaban anu benerna Tahap pangabisa =
x 100 5
Tahap pangabisa matéri ajar nu dihontal ku Sadérék: 90
- 100 = alus pisan
80 -
89 = alus 70
- 79
= cukup -
69 = kurang
Lamun Sadérék ngahontal tahap pangabisa 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun matéri kana Kagiatan Diajar II. Tapi, lamun tahap pangabisa
Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui ngaderes matéri dina Kagiatan Diajar I pangpangna matéri nu tacan kacangkem.
19
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
2
KAGIATAN DIAJAR 2
TIORI JEUNG PRINSIP-PRINSIP DIAJAR NURUTKEUN NATIVISME
A. Tujuan