Ciri-ciri Basa Sunda DialékWewengkon Ragam-ragam Dialék

85 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 8 Kidulnyaétadialék Priangan anu ngawengku Kota Bandung jeung sabudeureunana. Dialék Tengah Timur nyaéta dialék di daérah Kabupatén Majalengka jeung sawaréh Kabupaten Indramayu. Dialék Timur Laut nyaéta dialék daérah Kabupatén Brebes jeung Kabupatén Tegal di Jawa Tengah. Ahirna, dialék Tenggara nyaéta dialék daérah Kabupatén Ciamis ogé Kabupatén Cilacap jeung Kabupatén Banyumas di Jawa Tengah.

c. Ciri-ciri Basa Sunda DialékWewengkon

Nurutkeun Sudaryat 1985:8-9 ciri utama nu ngabédakeun basa lulugu jeung basa dialékwewengkon, kitu deui hiji basa dialékwewengkon jeung basa dialékwewengkon séjénna, nyaéta lentong intonasi jeung kandaga kecapna. éta dua ciri téhngawengku hal-hal saperti kaunggel dihandap. 1 Fonologi Bédana fonologi basa lulugu jeung basa dialék téh dina ngucapkeun sora basa. Contona: Basa Lulugu Basa Wewengkon Di ditu Na ditu Di dieu Na dieu Manéh Nyanéh Kamar Kamer Ganas Danas Surabi Sorabi Tina conto di luhur katangén yén bédana sora bisa dina vokal atawa dina wianjanakonsonan. 2 Morfologi Béda morfologis diwatesan ku ayana sistem katatabasaan anu béda, frekuensi maorfem nu béda, fungsina di wewengkon masarakat pamakéna, wujud fonologisna, jeung kakuatan rasa basana. Ieu téh ngalahirkeun serepan inovasi dina basa. Contona: - lemper sok jadi lelemper - tenong sok jadi tetenong - alem sok jadi aleman - cungkil sok jadi cucungkil 86 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 8 3 Semantik Bédana semantik basa lulugu jeung basa dialék téh muncul balukar makéna kecap anyar dumasar kana robahna sora katut wangun kecapna nepi ka harti anu dikandungna robah. Bédana semantik téh ngawengku dua hal, sinonim jeung homonym. 1 Sinonim nyaéta lambang anu béda pikeun objék anu sarua. Contona: Basa lulugu Basa wewengkon Lieur Menit Moal eunya Ilok Lontong Loganda Hui Mantang Gebog Telebug Pane Dulang 2 Homonim nyaéta lambang anu sarua pikeun objék anu béda. a Homograf, nyaéta tulisan anu sarua pikeun objék anu béda. Contona: Basa lulugu Basa wewngkon Rusuh Rusuh Gancangan gelut,riributan b homofon nyaéta sora anu sarua pikeun objék anu béda. Contona: - Bank = hiji lembaga tempat nyieun duit - Bang = sesebutan keur lalaki saluhureun

d. Ragam-ragam Dialék

Ragam basa atawa dialék ditangtukeun ku sababaraha faktor, diantarana faktor waktu, tempat, sosiobudaya, situasi, jeung médiana Ayatrohaedi, 1979:13. Dumasar kana hal éta sacara garis badag dialék dibagi jadi tilu kelompok. Nyaéta a dialék 1; b dialék 2 ; jeung c dialék sosial. 87 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 8 Dialék 1 Dialék 1, nyaéta dialék anu dibalukarkeun ku kaayaan alam sabudeureun dialék éta digunakeun. Dialék 1 dihasilkeun ku dua faktor nyaéta waktu jeung tempat. Contona, basa Sunda nu dipaké di daérah Kuningan, nurutkeun sajarahna éta basa asli Kuningan sarta nurutkeun tempatna basa éta téh digunakeun di Kuningan wungkul. Dialék 2 Dialék 2, atawa dialék regional, nyaéta basa nu digunakeun di luar daérah nu makéna Ayatrohaedi, 1979. Contona, basa Sunda nu digunakeun di daérah Cirebon-Sunda disebut dialék regional 1 sedengkeun basa Sunda nu digunakeundi daérah Cirebon-Jawa Cirebon, Indramayu disebut dialék regional 2. Dialék sosial Dialék sosial atawa sosiolek, nyaéta ragam basa anu digunakeun ku kelompok anu tangtu, anu ngabédakeun jeung kelompok lianna Ayatrohaedi, 1979:15. Anu kaasup kana kelompok ieu nyaéta kelompok umur, pagawean, kagiatan, jenis kelamin, pendidikan, jste. Contona, basa atawa istilah-istilah anu digunakeun ku kaum patani.

e. Géografi Dialék