Aktivitas Diajar LatihanPancén Tingkesan Uji Balik jeung Lajuning Laku

105 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 9

D. Aktivitas Diajar

Aktivitas diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Niténan tujuan jeung indikator. 2. Maca pedaran bahan ngeunaan Struktur Puisi Sisindiran 3. Sawala kelompok pikeun migawé latihanpancén. 4. Maca tingkesanmatéri. 5. Néangan tur maca référénsi nu sejenna pikeun ngalengkepan latihanpancén. 6. Tanya jawab jeung fasilitator lamun aya bangbaluh ngeunaan materi dina kagiatan diajar IX.

E. LatihanPancén

1. Jéntrékeun kalawan singget wangenan sisinsiran 2. Kumaha ambahan sisindiran nilik kana wangun jeung unsur intrinsik sisindiran kumaha? 3. Tulis wawangsalan anu hartina: jeruk, ali, kararas, kapal, jeung papanting 4. Jieun conto wawangsalan bangbalikan lanjaran jeung bangbalikan jeunggding 5. Jéntrékeun kalawan singget nu dimaksud paparikan

F. Tingkesan

Sisindiran nurutkeun tatabasa mah wangunan kecap ka asup kecap rajékan dwipurwa, asal kecapna tina sindir. Sindir:Kecap atawa omongan anu henteu langsung ka nu dimaksud henteu togmol tapi dibalibirkeun ngomong malibir. Sindir sampir: ngomong ku sindir biasana leuwih ti sakali, mindeng serta boga tujuan maksud anu kurang hadé.Nilik wangunna sisindiran téh aya tilu rupa nyaéta:wawangsalan bangbalikeun, rarakitan, jeungpaparikan.Nilik unsur intrinsik sisindiran téh aya tilu rupa nyaéta:vpiwurukpiwulang, lulucon, jeung asmara. 106 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 9

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap ngawas Sadérék kana matéri ajar . Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap ngawasa matéri ajar 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun matéri kana Modul Tahap IV. Tapi, lamun tahap ngawasa Saderek kurang ti 80, pék balikan deres bahan dina Kagiatan Diajar IX pangpangna matéri nu tacan kacangkem. 107 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 10 KAGIATAN DIAJAR10 WANGUN JEUNG EUSI PUPUJIAN BASA SUNDA

A. Tujuan