77
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
7
Tina sakabéh pamadegan di luhur mibanda sasaruaan nyaéta basa lulugu téh mangrupa basa standar anu dipaké ku masarakat. Bisa dicindekkeun yén basa
lulugu nyaéta basa anu dijadikeun tur ditetepkeun jadi basa standar ku masarakat lega, boh dina éjahanana, tatabasana, boh dina kabeungharan
kecapna.
b. Fungsi Basa Sunda Lulugu
Nurutkeun Sudaryat, spk. 2013, basa lulugu miboga rupa-rupa pancén atawa fungsi, nyaéta saperti nu dipedar dina poin-poin di handap ieu.
1 Tali mimitran Basa lulugu miboga pancén pikeun ngaraketken tali mimitran antar
panyatur tina rinéka dialék, pakakas komunikasi panyatur nu hétérogén boh lisan boh tulisan.
Basa lulugu jadi ciri kapribadian idéntitas panyaturna, baris ngandelan rasa kapribadian kaSunda
an geus ngarojong ―ka-Bhineka Tunggal Ika-an‖ budaya tur basa Indonesia.
2 Pananda Komara Basa lulugu baris mawa komarawibawa prestise panyaturna. Ku
makéna basa lulugu moal jadi ngageuhgeuyan para panyatur séjénna.
3 Raraga Acuan Basa lulugu jadi raraga acuan, calecer frame of reference nu
disaluyukeun ku sakumna masarakat basa geusan ngajén kalayan bener tur merenah henteuna ragam basa nu dipaké.
c. Ciri-ciri Basa Lulugu
Sudaryat, spk. 2013 nétélakeun yén hiji basa téh disebut basa lulugu saupama bisa nyumponan pasaratan saperti otonomi, vitalitas,
intéléktualitas, jeung historitas. Pedaranana saperti ieu di handap.
1 Otonomi Basa Sunda lulugu mangrupa basa anu ngabogaan wewenang pikeun
tumuwuh jeung mekar sarta mandiri, boh di wewengkon Sunda sorangan
78
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
7
boh di wewengkon séjénna. Bédana jeung basa dialék nyaéta lain ngan saukur dina vérsina, tapi jadi calecer ragam basa séjénna. Ku kituna,
tempat cicingna basa lulugu aya di puseur kagiatan politik jeung pamaréntahan, anu miboga kamungkinan gedé tumuwuh jeung mekar
sacara jembar.
2 Vitalitas Basa lulugu dipaké ku masarakatna di lingkungan masarakat nu miboga
rinéka basa. Basa lulugu kudu mampuh tumuwuh kalayan anteb luyu jeung kaédah basana nu relatif angger. Dina hal ieu vitalitas sipatna
henteu kaku, barobah kalayan bébas pikeun narima pangaruh basa séjén dina widang kandaga kecap, istilah, fonologi, tatabasa, semantik. Jadi,
basa lulugu miboga stabilitas dinamis, mibanda kaédah anu anteb tur luwes minangka hasil kodifikasi basa.
Ari kodifikasi basa téh nyaéta ngawengku 1. Bagbagan makéna basa, disusun dumasar kontéks situasi makéna, 2 kaédah adegan basa
saperti fonologi, tatabasa, sintaksis, tata istilah, éjahan, jsté.
3 Intéléktualitas Basa lulugu kudu mibanda kamampuh ilmiah kacendikiaan,
inteléktualitas anu ngébréhkeun prosés mikir nu ruwed tina rupaning kagiatan paélmuan, téknologi, informatika, jeung patali marga
masarakatna. Ciri inteléktualitas téh bisa maké basa kalayan éféktif, nepikeun amanah saloba-lobana ku wangunna anu ringkes, tapi luyu
jeung sasaran. éta kabéh baris kahontal asal urang kukuh kana kaédah nu geus ditangtukeun.
4 Historitas Basa lulugu kudu miboga lalampahan hirup katut kasang tukang sajarah
historitis nu tangtu, patali ti mangsa ka mangsa. Basa lulugu kudu mampuh mekarkeun tradisi katut budaya pamakéna.
79
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
7
D. Kagiatan Diajar
Kagiatan diajar anu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap.
1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna diajar. 2. Baca pedaran matéri ajar nu dipidangkeun.
3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar. 4. Baca deui saliwat pedaran matéri ajar, tuluy titénan tur bandingkeun
jeung tingkesan matéri ajar. 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa sawala diskusi jeung
kancamitra séjénna.
E. Latihan Kasus Pancén