Jerome Bruner Albert Bandura

30 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 3 1 nangtukan tujuan pangajaran; 2 ngalakukan idéntifikasisiswa; 3 milih matéri pangajaran luyu jeung karakteristik siswa jeung ngaturmatéri na ajarna dina wangunkonsép inti; 4 nangtukeun topik siswa dina wangunadvance organizers; 5 mekarkeun matéri ajar pikeun diulik ku siswa; 6 ngatur topik pangajaran ti nu sederhana ka nu kompléks; 7 ngalakukan évaluasi prosésjeung hasil diajar siswa.

c. Jerome Bruner

Nurutkeun Warsita 2008:71, Jarome Bruner ngusulkeun ieu tiori ku sebutanfree discovery learning. Ieu tiori dasarna tiori kognitif, anu ngébréhkeun yén diajar nyaéta parobahan persépsi jeung pamahaman. Maksudna, prosés diajar bakal lumangsung hadé jeung kréatif, saupama guru méré kasempatan ka siswa pikeun manggihkeun hiji aturan, kaasup konsép, tiori, ide, jeung définisi ku conto-conto anu ngagambarkeun atawa ngawakilan aturan anu jadi sumberna. Kauntungan diajar discovery learningnyaétanimbulkeun rasa hayangnyaho siswa, hal ieu ngamotivasi siswa pikeun néangan jawabanana.; nimbulkeun kaparigelan ngungkulan masalahna sacara mandiri jeung ngalatih siswa pikeun nganalisis jeung ngamanipulasi informasi. Nurutkeun Bruner, aya tilu tahap kamekaran kognitif saurang manusa anu ditangtukeun ku cara ningali lingkungan: enaktif, ikonik, jeung simbolik. Tahap kahiji enaktif, nyaéta siswa ngalakukeun kagiatan sangkan paham kana lingkunganana; tahap kadua ikonik, nyaéta siswa niténan dunya ngaliwatan gambar jeung visualisasi verbal; tahap katilu, simbolik, nyaéta siswa dina meunangkeun gagasan abstrak komunikasina dibantuan ku sistem simbolik. Léngkah-léngkah pangajaran dina ngararancang pangajaran nurutkeun Bruner: 1 nangtukeun tujuan pangajaran; 2 ngalakukan idéntifikasisiswa; 3 milih matéri pangajaran; 31 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 3 4 nangtukeun topik sacara induktif; 5 mekarkeun matéri ajar pikeun diulik kusiswa; 6 ngatur topik pangajaran ti nu sederhana ka nu kompléks; 7 ngalakukeun évaluasiprosés jeung hasil diajar siswa.

d. Albert Bandura

Bandura ngébréhkeun tiori kognitif sosial. Saterusna, Santrock 2007:285 ngébréhkeun tiori Kognitif Sosial Social Cognitive Theory anu ngawengku faktor sosial, faktor kognitif, jeung faktor perilaku, anu tiluanana miboga peran anu penting dina pangajaran. Faktor kognitif mangrupa ékspéktasi murid pikeun ngahontal hasil diajar, sedengkan faktor sosial ngawengku panitén siswakana perilaku kolotna. Jadi, nurutkeun Bandura, antara faktor kognitif, faktor lingkungan,jeung faktor perilaku téh silih pangaruhan; faktor- faktor ieu bisa silih interaksi pikeun mangaruhan pangajaran. Faktor kognitif ngawengku ékspéktasi, kayakinan, stratégi mikir, jeung kacerdasan.

e. Kurt Lewin