22
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
2
pilihanana jeung bakal yakin yén hiji halanu dipilihna mangrupa anu panghadé na pikeun dirina.
4 Ngarojong manusa pikeun mekarkeun poténsi dirina Ieu tori nétélakeun yén anu ngajadikan manusa boga peran aktif dina
mekarkeun poténsi dirina nyaéta ciri khas atawa ciri khusus jati dirina.
5 Ngarojong manusa mikawanoh kana bakat minatna Ku ayana ieu tiori, mangka manusa bakal gampang mikawanoh bakatna.
Leuwih awal manusa mikawanoh bakatna, nyaéta manusa bakal leuwih ngamaksimalkeunbakatna supaya mekar leuwih optimal.
b Kahéngkéran
Ieu tiori nganggap saolah-olah sifat-sifat manusia henteu bisa dirobah sabab geus ditangtukeun ku sifat-sifat bawaan. Lamun bawaanana hadé,
mangka bakal jadi hadé; lamun bawanana jahat, mangka bakal jadi jahat. Jadi, sifat manusa mah permanén henteu bisa dirobah. Ieu tiori nganggap
atikan jadi hiji hal anu pesimistis.
4. Larapna dina Pangajaran
Tiori nativisme kurang méré kasempetan ka guru pikeun ngarobah kapribadian siswa. Dumasar kana éta hal, pangaruh atikan atawa sakola
saeutik pisan pikeun jadi hiji tinimbangan dina ngarobah siswa. Tapi hal ieu justru patukang tonggong jeung kanyataan anu disanghareupan, sabab
kanyataanana ti zaman baheula nepi ka kiwari manusa usaha ngatik ngadidik generasi ngora nya ku atikan. Jadi, konséps nativisme henteu bisa dicekel
jeung henteu bisa dipertanggungjawabkeun.
Anu nganut aliran nativisme nganggap yén orok anu lahir geus jeung bawaanana, boh bawaan hadé boh goréng. Ku sabab kitu, hasil akhir atikan
ditangtukeun ku bawaanana mangsa lahir. Dumasar kana éta pamadegan, mangka hasil atikan ditangtukeun ku siswana sorangan. Ditegaskeun yén
―anu jahat bakal jadi jahat; jeung anu hadé bakal jadi hadé ‖. Atikan anu henteu saluyu jeung bakat katut bawaan siswa moal aya gunana pikeun
kamekaran éta budak dina prosés diajarna.
23
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
2
Pikeun nativisme, lingkungan sabudeureunana moal aya hartina sabab lingkungan moal boga daya jeung kakuatan dina mangaruhan kamekaran
siswa. Anu nganut ieu aliran ngébréhkeun yénlamun budak miboga bawaan jahat, manéhna bakal jahat; jeung lamun hiji budak miboga bawaan hadé ,
nya bakal jadi hadé. Ieu bakat jahat jeung hadé teu henteu bisa dirobah ku kakuatan ti luar.
Geus loba dipadungdengkeun ngeunaan hal-ikhwal atikan, boh nu aya patalina jeung hakekat kahirupan manusa boh anu aya patalina jeung
kabudayaan anu mangrupa produk tina prosés atikan. Dina mangsa manusa ngalaman tahap kamekaran, boh sacara fisik boh sacara rohanina dina prosés
atikan, muncul patalekan dasar ngeunaan faktor anu paling mangaruhan kana kamekaran hiji siswa, naha faktor bakat jeung kamampuanana sorangan,
atawa faktor anu datangna ti luar diri manusa, atawa duanana sacara babarengan. Tina faktor bakat jeung kamampuan dirina sorangan nya muncul
tiori anu disebut tiori nativisme. Nativisme a
salna tina kecap ―nativus‖ hartina ‗bawaan‘.
Tiori nativisme disebutogé tiori naturalisme atawa tiori pesimisme. Tiori ieu nganggap yén manusa ngalaman tumuwuh mekarna lain ku sabab faktor
atikan jeung intervénsi séjénna anu datangna tiluar manusa, anging ditangtukeun ku bakat jeung bawaanana. Tiori ieu nganggap yén upaya
atikan téh euweuh gunana jeung moal aya hasilna. Malah ceuk ieu tiori atikan téh justru bakal ngaruksak kamekaran siswa. Tumuwuh mekarna siswa
henteu perlu diintervénsi ku upaya atikan, sangkan tumuwuh mekarna siswa lumangsung sacara wajar, alamiah, luyu jeung kodratna.
Faktor bawaan téh dominan dina nangtukeun hasil diajar. Faktor-faktor anu séjénna saperti lingkungan henteu aya pangaruhna pisan jeung éta hal
henteu bisa dirobah ku kakuatan atikan. Atikan anu dilaksanakeun mangrupa hiji usaha anu tanpa daya nurutkeun ieu tiori, sababsiswa bakal nangtukeun
hasilnaku dirina sorangan lain ngaliwatan usaha atikan. Sanajan dina atikan aya aturan beurat atawa ringan, éta siswa tetep bakal balik deui kana sifat
jeung bawaanana. Kitu deui faktor lingkungan, sabab lingkungan moal boga kakuatan dina mangaruhan kamekaran siswa.
24
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
2
Dina tiori nativisme geus ditétélakeun yén sifat-sifat anu dibawa ti mangsa lahir bakal nangtukeun kaayaan siswa ka hareupna. Unsur anu pang
mangaruhananakana kamekaran siswanyaéta unsur génétik individu anu diwariskeun ku kolotna. Dina kamekaranana, budak bakal mekar dina polana;
budak bakal tumuwuh jeung mekar gancang nalika ti mangsa orok, bakal ngurangan nalika keur budak, tuluy tumuwuh fisikna sacara maksimum nalika
rumaja, jst.
D. Kagiatan Diajar