KagiatanDiajar Latihan Kasus Pancén Tingkesan Uji Balik jeung Lajuning Laku

73 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 6

D. KagiatanDiajar

Kagiatan diajar anu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna diajar. 2. Baca pedaran matéri ajar nu dipidangkeun. 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar. 4. Baca deui saliwat pedaran matéri ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung tingkesan matéri ajar. 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa sawala diskusi jeung kancamitra séjénna.

E. Latihan Kasus Pancén

1. Jéntrékeun nu dimaksud fungsi basa 2. Jéntrékeun fungsi basa Sunda 3. Jéntrékeun fungsi basa Sunda salaku basa daérah 4. Tataan sababaraha tinimbangan fungsi mata pelalajaran basa jeung sastra Sunda patalina jeung pangajaran di sakola 5. Tuliskeun Pasal 5 ayat 7 Perda No. 5 Tahun 2003 sarta tétélakeun maksudna

F. Tingkesan

Kalungguhan basa Sunda nyaéta status rélatif basa Sunda salaku sistem lambang ajén-inajén budaya anu dipatalikeun jeung kamampuh basa Sunda dumasar kana ajén-inajén masarakat Sunda. Basa Sunda miboga pancén atawa fungsi salaku: 1 lambang kareureus daérah; 2 lambang idéntitas daérah; 3 pakakas gaul di lingkungan kulawarga, jeung masarakat daérah; 4 basa panganteur di sakola dasar timimiti kelas 1 nepi ka kelas 3; 5 pangrojong basa nasional; jeung 6 pangrojong jeung pamekar kabudayaan nasional. Basa Sunda téh miboga fungsi salaku pakakas gaul di lingkungan kulawarga, jeung masarakat daérah. Nurutkeun Sudaryat 2007, hirup kumbuhna basa Sunda raket patalina jeung kahirupan sosial-budaya nu makéna. Ku kituna, jaba ti jadi unsur budaya Sunda, basa Sunda miboga fungsi jadi wahana pikeun mekarkeun budaya Sunda deuih. 74 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 6

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap nyangkem Sadérék kana matéri ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa matéri ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap pangabisa 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun matéri kana Kagiatan Diajar VII. Tapi, lamun tahap pangabisa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui ngaderes matéri dina Kagiatan Diajar VI, pangpangna matéri nu tacan kacangkem. 75 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 7 KAGIATAN DIAJAR 7 CIRI BASA SUNDA LULUGU

A. Tujuan