16
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
1
4
Henteubisa ngajelaskan situasi diajar kompléks, sabab lobavariabel atawa hal-hal anu raketpatalinajeung pendidikandiajar anu lain ngan ukur
hubungan stimulus dan réspon.
5
Henteu bisa ngajelaskan alesan-alesan anu nyalahkeun hubungan antara stimulus jeung réspon jeung henteu bisa ngajawab hal-hal anu nyababkan
ayana kateusaluyuan antara stimulus anu dibikeun jeung résponna.
4. Aplikasi dina Pangajaran
saperti: tujuan pangajaran, sifat matéri pangajaran, karakteristik siswa, Aplikasi tiori béhaviorisme dina pangajaran gumantung kana sababaraha hal
média jeung fasilitas pangajaran anu nyampak. Pangajaran anu dirancang dumasar kana tiori béhaviorisme nganggappangaweruh téhobyéktif, pasti,
tetep, henteu robah. Pangaweruh geus miboga struktur nu rapih, sahingga diajar mangrupa prosés meunangkeun pangaweruh, ari ngajar nyaéta
mindahkan pangaweruh transfer of knowledge ka siswa. Fungsi pikiran pikeun néplak struktur pangaweruh anu geus aya ngaliwatan prosés mikir
anu bisa dianalisis jeung dipasing-pasing, nepi
ka ma‘na anu dihasilkeun tina prosés mikir ditangtukeun ku karakteristik struktur éta pangaweruh. Siswa
dipiharep miboga pamahaman anu sarua kana pangaweruh anu diajarkeun. Hartina, naon waé anu dicangking ku guru kudu dicangking ku siswa.
Dina prosés diajar, siswa dianggap objék pasif anu salilana butuh motivasi jeung penguatan ti guru. Ku sabab kitu, para guru mekarkeun kurikulum
anumiboga struktur ku cara ngagunakeun standar-standar nu tangtu dina prosés diajar anukudu dihontalku para siswa. Kitu deui dina prosés évaluasi
diajar,siswa diukur ngan kana hal-hal nyata jeung bisa dititénan nepi ka hal- hal anu sifatna henteu bisa dititénan henteu kadongkang dina prosés
évaluasi.Implikasi tina tiori béhaviorisme kurang bisa méré kabébasan ka siswa pikeun ngalakukeun kréasi, atawa ékspériméntasi, jeung mekarkeun
kamampuanana sorangan. Ku sabab sistem pangajaranana otomatis- mekanis dina ngahubungkeun stimulus jeung résponahirna jiga saperti gawé
mesin atawa robot. Akibatna siswa kurang mekar luyu jeung poténsi dirina.
Ku sabab tiori béhaviorisme nganggap yén pangaweruh geus boga struktur anu rapih jeung boga aturan, mangka siswa disanghareupkeun kana aturan-
aturan anu jelas jeung ditangtukeun leuwih ti heula. Ngabiasakeun jeung
17
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
1
disiplin jadi penting dina diajar, nepi ka pangajaran leuwih dipatalikeun kana disiplin. Kagagalan dina nambah élmu dikatégorikeun kasalahan anu perlu
dihukum jeung kasuksésan diajar atawa dina ngahontal hiji kaparigelan dikatégorikeun jadi perilaku anu pantes dibéré hadiah. Taat kana aturan
dianggap panangtu kasuksésan diajar. Siswa téhobjék anu kudu boga paripolah luyu jeung aturan, atuh kontrol diajar kudu dijalankeun ku sistem
anu aya di luar diri siswa. Tujuan pangajaran nurutkeun tiori béhaviorisme museur kana nambahan
pangaweruh. Pangajaran kudu nuturkeun urutan kurikulum, atuh kagiatan diajarna leuwih loba didasarkeun kana buku téksbuku wajib anu kudu
museur kana kaparigelan nepikeun deui eusi éta buku téksbuku wajib. Lian ti éta, pangajaran jeung évaluasi leuwih nyoko kana hasil diajar.
Évaluasinyokokana réspon pasif jeung kaparigelan anu misah-misah. Ieu tiori ini leuwih nyoko kana évaluasianu meunteun kamampuh siswa sacara
individual.
D. Kagiatan Diajar
Kagiatan diajar anu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap.
1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna diajar. 2. Baca pedaran matéri ajar nu dipidangkeun.
3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar. 4. Baca deui saliwat pedaran matéri ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung
tingkesan matéri ajar. 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa sawala diskusi jeung
kancamitra séjénna.
E. Latihan Kasus Pancén
Jawab sakur pananyaparéntah ieu di handap 1. Terangkeun hakékat tiori diajar nurutkeun béhaviorisme
2. Jéntrékeun prinsip diajar nurutkeun béhaviorisme 3. Tataan tokoh béhaviorisme
4. Tuduhkeun kaunggulan jeung kahéngkéran béhaviorisme 5. Pék larapkeun béhaviorisme dina pangajaran