Rarakitan Wangun jeung Unsur Intrinsik Sisindiran

100 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 9 b Dina Pupuh Sinom Balandongan ngujur jalan Sok hayang los baé indit Kendang gedé pakauman Dagdigdug rasaning ati Balé diréka masjid Mun émut bati rumanjung Tegal tengah nagara Laun-laun sugan hasil Kadal gedé pareng alus bagja awak c Dina pupuh Asmarandana Simpay rema beulit cinggir Ulah lali mun geus angkat Mugi émut saban waktos Pangcalikan tonggong kuda Ka nu tuhu buméla Ulah matak gender kayu Matak bingbang pipikiran d Dina Pupuh Dangdangggula Pare leuweung saha nu teu peurih Tawon hideung asa disangsara Hampas minyak dibobodo Hanas abdi satuhu Nngin agan tuang janari Teu puguh kasauran Sok malayu Jalir tur cidra subaya Beubeur cangkéng balung kabulen ku daging Buktina luncat mulang

b. Rarakitan

Rarakitanhartina: 1 lalayaran dina rakit; 2 rakit tiruan kana gebog; jeung 3 ngaran salahsahiji sisindiran. Jadi, bangbalikan dangding téh gelarna dina dangding. Ku sabab éta réana engang dina unggal jajaran, katut sorana engang nu panungtung dina saban padalisan kudu nurutkeun patokan dangding, gumantung kana pupuhna. 101 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 9 Sarakit ngandung harti sepasang. Rarakitan sisindiran anu cangkangna sarakit, eusina sarakit. Sok rajeun aya sisindiran anu cangkangna sarta eusina leuwih ti dua kalimah, nu kitu ogé rarakitan kénéh. Aya deui anu minangka jadi tanda rarakitan téhnyaéta sawatara kecap dina cangkang sok dipenta deui dina eusina. Rarakitan teh eusina aya nu ngandung: 1 rarakitan piwulang; 2 rarakitan lulucon; jeung 3 rarakitanasmara. Gambar 9. 13 Eusi Rarakitan Ieu di handap conto-conto rarakitan. a Rarakitan Piwulang 1 Méméh ngagelarkeun kasur Samak heula ambéh rineh Méméh nyaritakeun batur Tilik heula awak manéh 2 Hayang iwung los ka Bandung Rék ngasah los ka Sumedang Hayang bingung geura nyandung Rék susah geura ngahutang 3 Hadé cabé anu ngora Nu kolot mah lada teuing Hadé capé eukeur ngora Geus kolot mah laku cicing 4 Sing getol nginum jajamu Ambéh jadi kuat urat Sing getol néanganélmu Gunana dunya ahérat 102 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 9 b Rarakitan Lulucon Sisindiran boh rarakitan atawa paparikan anu ngandung lulucon disebutna sesebred. Geura ieu conto-conto rarakitan anu ngandung lulucon. 1 Pribumi nu ngajul jeruk Kuring mah niiran Pribumi ulah rek giruk Kuring arek sisindiran 2 Tipeuting samping geresik Tibeurang tumpal bandéra Tipeuting pagiling gisik Tibeurang papangih éra 3 Magartéh cau lampeneng Cau kepok dina nyiru Magarteh lampanyat konéng Geuning nya dekok nya gembru 4 Paribasa ngayam samak Neukteukan bari motongan Paribasa néang anak Ngadekeutkeun popotongan c Rarakitan Asmara 1 Ka mana nya nyiar payung Sakieu panas poéna Ka mana nya nyiar duyung Sakieu panas haténa 2 Batur mah dibaju hideung Kuring mah kabaya baé Batur mah dipikatineung Kuring mah sangsara baé 3 Paingan kopo di lamping Geus aya talina hiris Lulucon téh ngandung sagala rupa nu matak pikalucueun, pikaseurieun, sakapeung pikakeuheuleun, tapi keheul gé teu weleh lucu, teu weléh pikaseurieun jiwana ngandung rasa birahi gumbira sedih jst. 103 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 9 Paingan poho ka kuring Geus aya ganti nu geulis 4 Hanjakal ku nangka liat Hayang leleuweungan baé Ayeuna katuncar hideung Hanjakal ka nu ngaliwat Hayang reureujeungan baé Ayeuna paturay tineung

c. Paparikan