Uji Balik jeung Lajuning Laku Tujuan Indikator Kahontalna Kompetensi

91 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 8 ditangtukeun ku sababaraha faktor, di antarana faktor waktu, tempat, sosiobudaya, situasi, jeung médiana.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap nyangkem Sadérék kana matéri ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa matéri ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap pangabisa 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun matéri kana Kagiatan Diajar IX. Tapi, lamun tahap pangabisa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui ngaderes matéri dina Kagiatan Diajar VIII, pangpangna matéri nu tacan kacangkem. 92 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 8 93 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 9 KAGIATAN DIAJAR 9 STRUKTUR PUISI SISINDIRAN

A. Tujuan

Tujuan kagiatan diajar Ix ngawengku ieu tujuan di handap. 1. Sanggeus maca pedaran, Sadérék mampuh ngajéntrékeun wangenan sisindiran kalawan bener. 2. Sanggeus tanya jawab, Sadérék mampuh méré conto sisindiran basa Sunda jeung pantun basa Indonesia kalawan taliti. 3. Sanggeus sawala, Sadérék mampuh ngajéntrékeun wangun jeung unsur instrinsik sisindiran kalawan taliti. 4. Sanggeus sawala, Sadérék mampuh ngajéntrékeun wangun jeung unsur intrinsik wawangsalan kalawan bener. 5. Sanggeus sawala, Sadérék mampuh méré conto wangun jeung unsur intrinsik rarakitan kalawan taliti. 6. Sanggeus sawala, Sadérék mampuh méré conto wangun jeung unsur intrinsik paparikan kalawan taliti.

B. Indikator Kahontalna Kompetensi

Indikator KahontalnaKompeténsi kagiatan diajar IXngawengku ieu di handap. 1. Ngajéntrékeun wangenan sisindiran. 2. Méré conto sisindiran basa Sunda jeung pantun basa Indonesia. 3. Ngajéntrékeun wangun jeung unsur instrinsik sisindiran. 4. Ngajéntrékeun wangun jeung unsur intrinsik wawangsalan. 5. Méré conto wangun jeung unsur intrinsik rarakitan. 6. Méré conto wangun jeung unsur intrinsik paparikan.

C. Pedaran Matéri