Paparikan Wangun jeung Unsur Intrinsik Sisindiran

103 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 9 Paingan poho ka kuring Geus aya ganti nu geulis 4 Hanjakal ku nangka liat Hayang leleuweungan baé Ayeuna katuncar hideung Hanjakal ka nu ngaliwat Hayang reureujeungan baé Ayeuna paturay tineung

c. Paparikan

Paparikan asal kecapna parik. Kecap parik sawanda jeung parek, anu hartina deukeut. Sora i sok roba jadi e. Seperti kecap-kecap ieu di handap. tilik — telek galih — galeuh ngahening — ngeheneng abring-abringan — abreng-abrengan Jadi paparikan téhnyaéta sisindiran anu diwangun ku dua jajar atawa leuwih cangkang jeung dua jajar leuwih eusi. Dina paparikan mah biasana anu diarah téh pedeukeutna sora sada dina cangkang jeung sora-sora sada dina eusi. Nurutkeun eusina paparikan téh aya tilu nyaéta: 1 paparikan piwulang; 2 paparikan asmara; jeung 3 paparikan lulucon. 1 Conto Paparikan Piwulang Samping kageutahan dukuh Dikelab dikacaikeun Nu matak manéh sing kukuh Papatah guru imankeun Mawa peti dina sundung Ditumpangan ku karanjang Pangarti teu beurat nanggung Tapi mangpaatna panjang Paparikan téh ngandung harti deukeut, maksudna padeukeut sora padeukeut sora dina cangkang jeung sora dina eusi. Dina omongan sapopoé urang mindeng ngadéngé: Didu‘akeun ku ibu, hidep téh masing parek rejeki jauh balai = deukeutrejeki. 104 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 9 Mawa peti dina sundung Dibawa ka Nusa-Jawa Pangarti teu beurat nanggung Kabisa teu beurat mawa Ninyuh ubar ku cipati Diwadahan piring gelas Anu sabar téa pasti Ku Allah dikawelas 2 Conto Paparikan Asmara Pipiti dibungawari Téténong dibobokoan Lalaki jaman kiwari Hade omong pangoloan Layung isuk samar beurang Nya walet kurunganana Lanjang itu samar beunang Ku korét indung bapana Caang bulan opat welas Teu kaduga ku poékna Aya bujang baju bodas Orokaya ku korétna Poe saptu poé kemis Salasa heuleut-heuleutan Saha itu muril kumis Leumpangna endeuk-endeukan 3 Conto Paparikan Asmara Baju tablo dibulao Kembangna katuncar mawur Ari bogoh ti baréto Terang-terang geus ku batur Rincik-rincik hujan leutik Paralak hujan tambaga Nilik-nilik lanjang leutik Teu nyaho aya nu boga Kukulu dibuah manggu Pisitan buah ramanten Kuru lain ku teu nyatu Mikiran nu hideung santen Siki tarum buah rinu Diteundeun dina pangeret Beak taun béak windu Moal wéléh ngarep-ngarep 105 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 9

D. Aktivitas Diajar