PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
99
9
c. Nada
Nada téh mangrupa kumaha sikep pangarang ka nu maca. Upamana, naha nadana mapatahan kudu kumaha urang miara pakaya; naha
nadana téh nyalahkeun ka jalma anu teu bétah cicing di lembur; ambek pedah lembur euweuh nu miara, jste.
d. Amanat
Amanat nyaéta hiji ajaran moral atawa pesen nu rék ditepikeun pangarang kanu maca ku ngaliwatan karya nu diciptakeun, teu pati
béda jeung wangun carita nu séjén, amanat dina hiji pupuh bakal kasusun rapih sarta dibunikeun ku pangarangna dina sakabéh eusi.
D. Kagiatan Diajar
Kagiatan diajar anu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap.
1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna diajar. 2. Baca pedaran matéri ajar nu dipidangkeun.
3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar. 4. Baca deui saliwat pedaran matéri ajar, tuluy titénan tur bandingkeun
jeung tingkesan matéri ajar. 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa sawala diskusi jeung
kancamitra séjénna.
E. Latihan Kasus Pancén
1. Terangkeun wangenan pupuh 2. Béré conto wangun pupuh Sunda
3. Terangkeun unsur intriksik pupuh Sunda 4. Terangkeun yén pupuh téh aya patalina jeung mantra
5. Cik pék analisis struktur pupuh ieu di handap
F. Tingkesan
Pupuh anu kaasup kana Sekar ageung: Pupuh Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh; Pupuh Kinanti, ngagambarkeun kesel nungguan,
atawa kanyaah; Pupuh Asmarandana, ngagambarkeun rasa silihasih, silih
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
100
9
pikanyaah; jeung Pupuh Dangdangula, ngagambarkeun katengtreman, kakawasaan, jeung kaagungan.Pupuh anu kaasup kana Sekar alit nyaéta
PupuhBalakbak,ngagambarkeun heureuy
atawa banyol.Pupuh
Gambuh,ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri. Pupuh Juru demung,ngagambarkeun nu bingung,susah pilakueun. Pupuh Gurisa,
ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung. Pupuh Landrang, ngagambarkeunnu
resep banyol
bari nyindiran.Pupuh
Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.
Pupuh Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol anu aya pikiraneunana. Pupuh Durma, ngagambarkeun rasa ambek, gede hate,
atawa sumanget. Pupuh Maskumambang,ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté. Pupuh Mijil,ngagambarkeunkasedih tapi bari gede
harepan. Pupuh Pangkur,ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat. Pupuh Pucung,ngagambarkeun rasa
ambek ka diri sorangan. Pupuh Wirangrong,ngagambarkeun nu kawiwirangan.
G. Uji Balik jeung Lajuning Laku
Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu
benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap ngawas Sadérék kana matéri ajar.
Rumus:
Jumlah jawaban anu benerna Tahap pangabisa =
x 100 5
Tahap pangabisa matéri ajar nu dihontal ku Sadérék: 90
- 100 = alus pisan
80 -
89 = alus 70
- 79
= cukup -
69 = kurang
Lamun Sadérék ngahontal tahap pangabisa 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun matéri kana Kagiatan Diajar 10. Tapi, lamun tahap pangabisa
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
101
9
Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui ngaderes matéri dina Kagiatan Diajar 9, pangpangna matéri nu tacan kacangkem.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
102
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
103
KAGIATAN DIAJAR 10
WANGUN JEUNG STRUKTUR GUGURITAN
A. Tujuan