MeunteunModél Pangajaran Berbasis Masalah

4 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 52 Pancén Sanggeus Sadérék maca léngkah-léngkah Modél Pangajaran Berbasis Masalah PBL di luhur, prak terapkeun lima léngkah Modél PBL dina pangajaran basa Sunda Mata Pelajaran : Basa Sunda KelasSemester : ..................... MateriTopik : .................... Waktu : .................... Fase-fase Modél Pangajaran PBL Aktivitas Siswa jeung Guru Fase 1 Oriéntasi Siswa kana Masalah Fase 2 Ngaorganisasikeun Siswa Fase 3 Ngabimbing Panalungtikan IndividuKelompok Fase 4 Mekarkeun jeung Nyodorkeun Hasil Karya Fase 5 Ngaanalisis jeung Ngaévaluasi Prosés Ngungkulan Masalah

4. MeunteunModél Pangajaran Berbasis Masalah

MeunteunModél pangajaran berbasis masalah PBL dilakukeun ku cara authentic assesment. Penilaian bisa ku cara portofolio. Portofolio mangrupa kumpulan hasil gawé siswa. Potofolio diperlukeun pikeun dianalisis sangkan bisa mikaweruh kamajuan diajar siswa dina kurun waktu nu geus ditangtukeun dina raraga ngahontal tujuan pangajaran. Penilaian dina PBL dilakukeun maké instrumén penilaian évaluasi diri self-assessment jeung penilaian antar teman peer-assessment. Meunteun anu luyu pikeun Modél PBL, nyaéta ieu di handap. a. Meunteun Kinerja Siswa Siswa dibérépancén pikeun unjuk kerja unjuk gawé atawa ngadémonstrasikeun kamampuhmigawépancén, saperti nulis 4 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 53 karangan, ngalakukeun percobaan, ngainterpretasikeun jawaban ngeunaan hiji masalah, nembang, atawa ngagambar. b. Meunteun Portofolio Meunteun portofolio mangrupa meunteun anu tuluy tumuluytur dumasar kana kumpulan informasi anu ngagambarkeun mekarna kamampuh siswa dina kurun waktu anu geus ditangtukeun hiji periode. Informasi mekarna kamampuh siswa bisa mangrupa hasil karya anu pinunjul salila siswa diajar, hasil tés, piagam penghargaan, atawa wangun informasi lainna anu raket patalina jeung kompeténsi mata pelajaran basa Sunda. Portofolio diperlukeun pikeun dianalisis sangkan bisa mikaweruh kamajuan diajar siswa dina kurun waktu nu geus ditangtukeun keur ngahontal tujuan. c. Meunteun Poténsi Diajar Meunteu ditujukeun pikeun ngukur poténsi diajar siswa, nyaéta ngukur kamampuh anu bisa dironjatkeun kalawan dibantu ku guru atawa siswa séjénna anu leuwih maju. PBL anu mangrupa pancén pikeun ngungulan masalah méré kamungkinan ka siswa pikeun mekarkeun jeungngawanohkeun kana poténsipikeun siap diajar. d. Meunteun Usaha Kelompok Meunteun usaha kelompok saperti dina pangajaran kooperatif bisa ogé dilakukeun dina PBL. Penilaian luyu jeung modél pangajaran berbasis masalah nyaéta meunteun hasil gawé siswa dituluykeun ku ngasawalakeun hasil gawé kalawan babarengan.

D. Kagiatan Diajar