PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
14
1
5. Aspék-aspék anu Raket Patalina jeung Pamarekan Komunikatif
Aya dalapan aspék anu raket patalina jeung pamarekan komunikatif Nunan, 1989 dina Solchan, spk.. 2001:6.6. Hiji-hijina bisa ditingali dina
tabél ieu di handap.
Tabel 1. 1Aspék-aspék anu Raket Patalina jeung Pamarekan Komunikatif
No. Aspék Keberma’naan dina Pamarekan Komunikatif
1 2
3 1. Tiori
Basa Pamarekan komunikatif dumasar kana téori basa anu
nétélakeun yén hakékatna basa téh nyaéta sistem pikeun ngaéksprésikeunma‘na,
anu tujul
utamana kana
diménsisémantik jeung komunikatif tibatan kana ciri-ciri gramatikal basa. Ku kituna, nu jadi hal utamana masalah
interaksi komunikasi basa.
2. Tiori Diajar
Tiori diajar anu luyu jeung pamarekan komunikatif nyaéta tiori pemerolehan basa kahijikalawan alamiah. Ieu tiori
nganggap yén diajar basa baris éféktif lamun diajarkeun kalawan alamiah, nepi ngaliwatan komunikasi langsung
ngagunakeun éta basa.
3. Tujuan Pangabutuh siswa dina diajar basa raket patalina jeung
pangabutuh pikeun komunikasi. Ku kituna, tujuan pangajaran basa nyaéta mekarkeun kamampuh siswa
pikeun bisa komunikasi. Jadi, ayana kagiatan aworna kompeténsi jeung performansi komunikasi.
4. Silabus Silabus pangajaran kudu disusun luyu jeung tujuan
pangajaran jeung pangabutuh siswa. 5. Tipe
Kagiatan Dina pangajaran basa Sunda anu nerapkeun pamarekan
komunikatif, siswa dibawa kana situasi komunikasi anu nyata, saperti silih tukeuran informasi, négosiasi riil, jst.
6. Peran Guru
Peran guru dina pangajaran anu nerapkeun pamarekan komunikatif, utamana salaku fasilitator, partisipan, analisis
pangabutuh, konselor, jeung manajer prosés diajar.
7. Peran Siswa
Peran siswa dina pangajaran basa Sunda anu nerapkeun pamarekan komunikatif minangka nu ngajalanan jeung nu
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
15
1
narima, negosiator, jeung interaktor. Ku kituna siswa henteu ngan saukur pangabisa kana wangun basa, tapi ogé
nyangkeum wangun jeung ma‘na basa nu dipatalikeun
jeung kontéks dipakéna éta basa. 8. Peran
Matéri Matéri kudu dirarancang jeung diajarkeun ka siswa dina
raraga ngarojong usaha ngaronjatkeun kaparigelan basa.
Sumber: diadaptasi tina Santosa, Universitas Terbuka,2008:2.36
6. Conto Larapna Pamarekan Komunikatif dina Pangajaran Basa Sunda