Kagiatan Diajar LatihanKasusTugas Pancén Tingkesan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 112 hirup di alam dunya sabab dina hiji wanci urang bakal mulih ka jati mulang ka asal. Dina kekecapanana pangarang umajak kanu maca sangkan migawé amalan anu hadé pikeun bekel nalika mulih ka alam kalanggengan. d. Amanat.

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan diajar anu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna diajar. 2. Baca pedaran matéri ajar nu dipidangkeun. 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar. 4. Baca deui saliwat pedaran matéri ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung tingkesan matéri ajar. 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa sawala diskusi jeung kancamitra séjénna.

E. LatihanKasusTugas Pancén

1. Terangkeun harti guguritan 2. Béré conto wangun guguritan 3. Terangkeun struktur guguritan 4. Tétélakeun bédana wawacan jeung guguritan 5. Pék analisis eusi guguritan ieu di handap dumasar kana unsur-strukturna KINANTI IMPIAN Tina Buku ―Lagu Ngajadi: Kumpulan Guguritan‖ Karya Dian Hendrayana kaca 6 Peuting dilimpudan Liwung liwungna pageuh na jempling saéna tuang jungjunan kersa rurumpaheun sumping ngalayadan ngalanglangan jigrah teuing ieu ati Ati dirungruman bingung bingungna maseuk na batin saéna tuang panutan PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 113 kersa rinéh naros lirih mapaykeun nu keur sungkawa sungkawa teuing ku lami Lami diseundeuhan gandrung gandrungna nyeumat na pikir saéna tuang salira

F. Tingkesan

Guguritan nyaéta karangan puisi mangrupa dangding anu teu kawilang panjang. Nurutkeun wangunanana, gugurutan kaasup wangun ugeran, nyaéta kauger ku patokan pupuh. Ku lantaran teu panjang tea biasana mah ukur diwangun ku hiji pupuh, tara gunta-ganti pupuh cara dina wawacan, sarta ilaharna eusina henteu ngawujud carita naratip. Dibacana biasana mah dihariringkeun make lalaguan anu geus matok keur pupuh éta. Atawa ngahaja jadi rumpaka dina pagelaran seni tembang Cianjuran. Guguritan diwangun ku sababaraha unsur, nyaéta anu aya patalina jeung struktur jero struktur sarta struktur luar unsur ékstrinsik. Struktur dina guguritan di antarana nyaéta: téma, rasa, nada, jeung amanat.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku