Tingkesan Uji Balik jeung Lajuning Laku Tujuan Indikator Kahontalna Kompetensi

7 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 83

E. LatihanPancén

1 Jéntrékeun yén sora basa teh sipatna miganda 2 Tuliskeun ambahan tata sora basa Sunda 3 Tuliskeun tilu hal anu kalibet dina ngawangun sora basa 4 Jéntrékeunrineka sora atawa gejala fonologis patali jeung parobahan sora basa 5 Jéntrékeun anu dimaksud asimilasi dina tata sora basa Sunda

F. Tingkesan

Sora basa téhsipatna miganda, nyaéta sora ucap parole jeung sora pikir langue. Sora ucap atawa fon mangrupa sora anu dikedalkeun ku baham, anu diulik ku tata sora fonetik. Ari sora pikir atawa foném mangrupa sora anu kadéngéna béda atawa mirip tur sok ngabédakeun harti kecap, anu diulik ku tata fonem fonemik. Ambahan tata sora dina ieu buku ngawengku genep hal, nyaéta 1 sora basa, fonem, jeung aksara; 2 alat ucap; 3 warna fonem vokal jeung konsonan katut cara ngawangunna; 4 runtuyan sora, engang, jeung kecap; 5 ciri-ciri supraségméntal; jeung 6 rinéka sora.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur kamampuh nyangkemmatéri ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup 7 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 84 - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap ngawasa matéri ajar 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun matéri kana Kagiatan Diajar 8. Tapi, lamun tahap ngawasa Saderek kurang ti 80, pék balikan deui sarta deresdeui bahan dina Kagiatan Diajar 7. 8 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 85 KAGIATAN DIAJAR 8 STRUKTUR JEUNG KAEDAH TÉKS ÉKSPLANASI

A. Tujuan

Tujuan kagiatan diajar 8ngawengku ieu tujuan di handap. 1. Sanggeus maca modul, pamilon diklat mampuh ngajéntrékeun wangenan téks éksplanasi kalawan taliti. 2. Sanggeus sawala, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi struktur téks éksplanasi kalawan taliti. 3. Sanggeus sawala, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi kaédah basa téks eksplanasi kalawan taliti.

B. Indikator Kahontalna Kompetensi

Indikator Kahontalna Kompeténsi kagiatan diajar 8ngawengku ieu di handap. 1. Ngajéntrékeun wangenan tékséksplanasi. 2. Ngaidéntifikasi struktur téks éksplanasi. 3. Ngaidéntifikasi kaédah basa téks éksplanasi.

C. Pedaran Matéri