Prinsip-prinsip Pamarekan Komunikatif dina Pangajaran Basa Sunda Karakteristik Kamampuh Komunikatif

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 12 1 b. Kompeténsi Aksional Kompeténsi aksional disebut ogé kompeténsi tindak basa, lantaran dipatalikeun jeung waktungagunakeun basa Sunda. Waktu ngagunakeun basa lisan, misalna: bisa ménta jasalayanan, muji, ménta informasi, jst. c. Kompeténsi Sosiokultural Kompeténsi sosiokultural, pakait jeung kontéks sosio-kultural dina waktu lumangsungna komunikasi. Ngagunakeun basa Sunda luyu jeung kontéks di mana jeung iraha éta basa Sunda digunakeunana. d. Kompeténsi Stratégis Kompeténsi stratégi pakait jeung kuatna stratégi dina waktu lumangsungna komunikasi ngagunakeun basa Sunda nu ngawengku: ngamimitian, eureun, mertahankeun, ngoméan, jeung museurkeun deui komunikasi.

3. Prinsip-prinsip Pamarekan Komunikatif dina Pangajaran Basa Sunda

Prinsip-prinsip pamarekan komunikatif numutkeun Richards 2006, ngawengku: 1 komunikasi anu nyata jadi fokus dina pangajaran basa Sunda; 2 méré kasempetan ka siswa pikeun ngalaksanakeun ékspérimén rupa-rupa kompeténsi anu geus kapimilik ku dirina; 3 méré toléransi kana kasalahan-kasalahan basa Sunda anu dilakukeun ku siswa, lantaran jadi pituduh ayana prosés mekarkeun kompeténsi komunikasi; 4 méré kasempetan ka siswa pikeun mekarkeun kalancaran ngagunakeun basa; 5 matalikeun rupa-rupa kaparigelan basa Sunda nu ngawengku: ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis kalawan babarengan; jeung 6 ngondisikeun siswa sangkan manggihan sorangan tata aturan basa.

4. Karakteristik Kamampuh Komunikatif

Aya sawatara karakteristik kamampuh komunikasi Santosa spk., 2008: 237, nu ngawengku: 1 kompeténsi komunikatif sipatna dinamis. Hartina, kompeténsi gumantung kana négosiasi ma‘na antara dua urang panyatur PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 13 1 atawa leuwih; 2 kompeténsi komunikatif ngawengku ngagunakeun basa lisan jeung tulisan; 3 kompeténsi komunikasi sipatna kontékstual, lumangsung dina hiji kontéks; 4 kompeténsi komunikatif ngawengku kompeténsi basa gramatikal jeung kamampuh nyieun aturan gramatikal sarta prakna ngagunakeun basa; jeung 5 kompeténsi komunikatif sipatna rélatif, gumantung aspék internal boh eksternal. Pamarekan komunikatif boga opat karakteristik, nu ngawengku: 1 kahiji, sasaran kelas difokuskeun kana sakabéhkomponén komunikasi napak dina kompeténsi gramatikal atawa linguistik; 2 kadua, téhnik-téhnik pangajaran basa dirancang pikeun ngaaktipkeun siswa ngagunakeun basa kalawan pragmatis, oténtik, fungsional, jeung ayama‘na; 3 katilu, parigel jeung merenah mangrupa prinsip-prinsip anu ngalengkepan téhnik-téhnik komunikatif; jeung 4 kaopat, di kelas kudu produktif ngagunakeun basa jeung merenah luyu kontéksna. 1 Ngolah informasi. 2 Bagi-bagi jeung ngolah informasi. 3 Bagi-bagi informasi dina komunikasi anu kawatesanan. 4 Bagi-bagi informasi dina komunikasi anu taya watesna. Gambar 1. 4Komunikasi Fungsional 1 Improvisasi 2 Lakon pondok tur lucu 3 Rupa-rupa simulasi 4 Dialog jeung bermain peran 5 Sistem konversasi jeung sawala 6 Debat Gambar 1. 5Komunikasi Interaksi Sosial Komunikasi Fungsional Komunikasi Interaksi Sosial PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 14 1

5. Aspék-aspék anu Raket Patalina jeung Pamarekan Komunikatif