Konsonan a. Cara Ngawangun jeung Ngedalkeun Konsonan

7 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 79 Vokal Cara Ngagunakeun jeung Ngedalkeun Vokal Vokal atawa swara nyaéta sora basa nu diwangun ku hawa nu kaluar tina bayah sarta waktu ngaliwatan tikoro teu meunang hahalang. Dina ngawangun vokal aya tilu perkara anu mangaruhan ajén atawa kualitasna, nyaéta buleud-gepengna wangun biwir, maju-mundurna létah, jeung luhur-handapna létah. Ari vokal dina basa Sunda jumlahna aya tujuh siki seperti dilambangkeun dina tabél ieu di handap. Tabel 7. 1Lambang Vokal Lambang Vokal Grafemis a i u e o e eu Fonémis a i u ε o e eu Fonétis [a] [i] [u] [ε] [o] [∂] [ő] Tabel 7. 2Posisi Vokal Wangun Biwir Posisi Luhur Handapna Létah Hareup Peuseur Tukang Létah tina lalangit b tb b tb b tb Luhur i ő u Tengah o Handap a Keterangan: b : buleud tb : teu buleud

3. Konsonan a. Cara Ngawangun jeung Ngedalkeun Konsonan

Konsonan atawa wianjana nyaéta sora basa nu diwangun ku hawa kaluar tina bayah sarta waktu ngaliwatan tikoro meunang hahalang. Kons onan dina basa Sunda aya 18 nyaéta: b, c, d, e, g, h, j, k, l, m, n, ny, ng p, r, s, t, w. jeung y 7 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 80 Aya tilu cara ngawangun konsonan minangka ajén atawa kualitasna, nyaéta 1 kaayaan pita sora, 2 tempat artikuli, jeung 3 cara artikulasi. Dumasar kana tempat artikulasina, aya konsonan bilabial, labiodentals, konsonan dentl, arveolar, palatal, veral, glottal, jeung konsonan laringal. Dumasar kana cara artikulasina, aya konsonan mandeg, geser, sisi, geter, nasal, jeung semivokal. Tabel 7. 3Distribusi Konsonan Konsonan Posisi Dina Kecap Di Awal Di Tengah Di Tungtung b bau ubar teurab c cokot buncis _ d dasar adat bejad f fasilitas tafsir aktif g garu tugur bedug h hayang dahar waluh j jalan bagja mi‘raj k kawas aki batuk l lamun alus bijil m mana ambu anom n naha maneh dusun ny nyiar anyar _ ng ngan angeun soang p palay opak hilap q q ur‘an furqon _ r rea urang pasir s sayur asem tiis t teuas batan urat v vokal lava _ w wates sawah riceuw x xenon luxor xerox y yakin ayak bolay z zat azab juz 7 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 81 4. Runtuyan Sora, Engang, jeung Kecap Runtuyan sora, engang, jeung kecap téh raket patalina. Sora aya nu bisa madeg mandiri jadi engang aya nu kudu ngaruntuy heula jeung sora basa lianna. Kitu deui engang, aya nu langsung jadi kecap aya nu kudu ngaruntuyjeung engang séjénna. Cindekna, kecap diwangun ku runtuyan engang. Ari engang diwangun ku runtuyan sora. Adegan Engang Engang dina basa Sunda umumna diwangun ku vokal V atawa rendonan vokal jeung konsonan K. Upama dirumuskeun, adegan atawa kaédah engang dina basa Sunda téh kieu. V : i-eu, u-lah, e-ra, o-yek, eu-pan, a-bus VK : ab-di, um-pak, em-pang, ong-koh, eun-teung KV : da-mar, ka-rung, sun-da, e-ra, na-on KVK : an-jeun, jang-kung, cang-kang, bu-dak KKV : ge-bru, ti-bra, nyong-clo, num-pra KKVK : nga-jleng, ra-cleng, tu-bruk, ke-prak Balukar ayana pangaruh basa kosta, dina basa Sunda ogé sok kapanggih adegan engang kieu. VKK : ons, eks-tra, KVKK : Teks, kon-Teks KKKV : stra-te-gi, stra-ta KKVKK : kom-pleks KKKVK : struk-tur, in-struk-tur KVKKK : korps

5. Ciri-ciri Supraségméntal