PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
58
5
3. Ngajéntrékeun kaunggulan jeung kahéngkéran Model Pangajaran Berbasis ProyekProject Based Learning
4. Ngaidéntifikasi léngkah-léngkah operasional Modél Pangajaran Berbasis ProyekProject Based Learning
5. Ngajéntrékeun cara
meunteun Modél
Pangajaran Berbasis
ProyekProject Based Learning 6. Nyieun conto Larapna Modél Pangajaran Berbasis ProyekProject Based
Learning dina basa Sunda
C. Pedaran Materi
1. Wangenan Modél Pangajaran Berbasis Proyek Project Based Learning
Pangajaran Berbasis Proyek atawa Project Based Learning PjBL nyaéta modél pangajaran anu ngalibetkeun siswa dina hiji kagiatan proyek sarta
ngahasilkeun produk. Kalibetna siswa ti mimiti ngararancang, ngalaksanakeun, jeung ngalaporkeun hasil kagiatan mangrupa produk
jeung laporan kagiatanana student centre.Ieu modél pangajaran ngutamakeun kana prosés pangajaran jangka panjang. Siswa ulubiung
langsung dina mangrupa-rupa issu jeung masalah kahirupan sapopoé, diajar kumaha carana ngungkulan masalah nu aya dina kahirupan
sapopoéna.
PjBL dirarancang dina raraga: 1 ngadorong jeung ngabiasakeun siswa pikeun manggihan sorangan inquiry, ngalakukeun panalungtikankajian,
nerapkeun kaparigelan ngarancang planning skills, mikir kritis critical thinking, jeung ngungkulan masalah problem-solving skills dina
ngaréngsékeun hiji kagiatanProyek; 2 ngadorong siswa pikeun nerapkeun pangaweruh, kaparigelan, jeung sikep dina rupa-rupa kontéks
a variety of contexts dina ngaréngsékeun kagiatanproyék; 3 mérépeluang ka siswa sangkan diajar nerapkeun kaparigelan
interpersonal interpersonal skills jeung gawé kolaboratif dina hiji tim. PjBl mérékasempetan ka siswa pikeun ngagali kontén matéri ku caragaya
diajarna masing-masing, dina wadah gawé kolaboratif.
5
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
59 2. Karakteristik Model Pangajaran PjBL
Karajteristik PjBL ngawengku: 1Siswa nyieun kaputusan sorangan ngeunaan hiji rancangan gawé, 2Ayana masalah atawa tantangan anu
disodorkeun ka siswa, 3 Siswa ngadesain prosés pikeun nangtukeun solusi ngeunaan masalah anu rékdipigawé, 4 Siswa kalawan kolaboratif
tanggung jawab pikeun ngaaksés jeung ngolah, 5 informasi pikeun ngungkulan masalah, jeung 6 Prosésévaluasi dilakukan kalawan terus-
terusan kontinyu, 7 Siswa kalawan maneuh ngalakukeun réfléksi ngeunaan pagawéan anu geus dilakukeun, 8 Produk ahir hasil gawé
baris dievaluasikalawan kualitatif, jeung 9 Situasi prosés diajar ngajar mérétoléran kana kasalahan atawa parobahan.
3. Kaunggulan jeung Kahéngkéran Modél Pangajaran PjBL