WangenanModél Pangajaran Berbasis MasalahProblem Based Learning

4 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 48 5. Ngajéntrékeun cara meunteun Modél Pangajaran Berbasis Masalah Problem Based Learning. 6. Nyieun conto larapna Modél Pangajaran Berbasis Masalah Problem Based Learning dina pangajaran basa Sunda.

C. Pedaran Matéri

1. WangenanModél Pangajaran Berbasis MasalahProblem Based Learning

Problem Based Learning PBL nyaéta modél pangajaran anu dirarancang sangkan siswa narima pangaweruh anu penting, anu ngabalukarkeun siswa mampuh: a ngungkulan masalah, b mibandamodél diajar sorangan, jeung c mibanda kaparigelan ulubiung aktif dina kelompok. Problem Based Learning PBL nyaéta modél pangajaran anu dirarancang sangkan siswa narima pangawéruh anu penting, anu ngabalukarkeun siswa mampuh: a ngungkulan masalah, b miboga modél diajar sorangan, jeung c miboga kaparigelan ulubiung aktif dina kelompok. Tabel 4. 1Peran Guru, Siswajeung Masalah dina PBL Guru Minangka Pelatih Siswa minangkaProblem Solver Masalah Minangka Awal Tantangan jeung Motivasi o Asking about thinking nanya ngeunaan ide pikiran. o Ngamonitor pangajaran. o Probbing nantangsiswa pikeun mikir . o Ngajaga sangkan siswa aktif ulubiung. o Ngatur dinamika kelompok. o Ngajaga lumangsungna prosés diajar ngajar. o Siswa anu aktif. o Siswa aktif ulubiung langsung dina diajar ngajar. o Ngawangun pangajaran. o Narik ati pikeun diungkulan. o Nyadiakeun pangabutuh nu aya patalina jeung matéri pangajaran. 4 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 49 2. Prinsip-prinsip Prosés Diajar Ngajar dina Modél PBL Prinsip-prinsip PBL anu kudu diperhatikeun ngawengku:1 konsép dasar, 2 wangenan masalah, 3 diajar mandiri, 4 silih tukeran pangaweruh, jeung5 penilaian. Gambar 4. 1Prinsip-prinsip Modél Pangajaran PBL a. Konsép Dasar Basic Concept Dina ieu pangajaran, fasilitator ngajéntrékeun konsép dasar, pituduh, référénsi, atawa link jeung skill anu diperlukeun dina pangajaran. Ieu hal dimasudkeun supaya siswa téréh meunangkeun ―peta‖ anu akurat ngeunaan arah jeung tujuan pangajaran. b. Wangenan Masalah Defining the Problem Fasilitator nepikeun skenario atawa masalah, siswa babarengan ngayakeun sawala kelompok. Kahiji, brainstorming, carana unggal- unggal anggota kelompok nepikeun pamadegan, ide, jeung tanggapan ngeunaan skenario pagajaran, nepi ka muncul rupa-rupa pamadegan. Kadua, milih pamadegan anu fokus kana masalah. Katilu, nangtukeun masalah jeung méré pancén kelompok. c. Diajar Mandiri Self Learning Sanggeus mibandapancén, unggal-unggal siswa maluruh réferénsi nu dipiharep mampuh ngarojong masalahisu anu keur ditalungtik. Réferénsi bisa dipaluruh di perpustakaan, kaca web, atawa pakar. 1. Konsep Dasar 2 Wangenan Masalah 3 Diajar Mandiri 4 Silih Tukeran Pangaweruh 5 Penilaian 4 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 50 d. Silih Tukeran Pangaweruh Exchange knowledge Sanggeus siswa meunang sumber référénsi pikeun ngeuyeuban matéri kalawan mandiri, dina pangajaran nu baris datang, siswa diskusi kelompok dibantuan ku guru pikeun ngarumuskeun udaganana jeung ngarumuskeun jalan kaluar pikeun ngungjulan masalahna.

3. Léngkah-léngkah Modél Pangajaran Berbasis Masalah PBL