PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
96
9
laku ngacu kana pungkasan wirahma. Dina sekar kawi, lagu sahenteuna kudu diwujudkeun minimal ku lima engang dina unggal pada lisan pada
pala. Di handap mangrupa conto engag dina sababaraha sekar kawi a. Lagu 5, guru 1 dan laku 4, disebut angkat Nanda
b. Lagu 6, guru 2 dan laku 4, disebut angkat Badra c. Lagu 7, guru 3 dan laku 4, disebut angkat Nari
d. Lagu 8, guru 4 dan laku 4, disebut angkat Badrasri e. Lagu 5, guru 4 dan laku 1, disebut angkat Tyukta
f. Lagu 6, guru 4 dan laku 2, disebut angkat Tyukta g. Lagu 7, guru 4 dan laku 3, disebut angkat Madyama
h. Lagu 8, guru 4 dan laku 4, disebut angkat Patista
Umumna, pupuh sekar kawi aya 4 baris atawa 4 padapala. Misalna dina kakawin dihandap.
6. Wangun Pupuh
Wangun pupuh Sunda aya tujuh belas dibagi jadi dua kelompok nyaéta sekar ageung jeung sekar alit. Sekar ageung nyaéta salah hiji jenis pupuh
nu wanda laguna rupa-rupa. Sedengkeun sekar alit nyaéta salah sahiji pupuh anu wanda laguna ngan sarupa Zahra, 2011.
Pupuh anu kaasup kanaPupuh Sekar ageung: a. Pupuh Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.
b. Pupuh Kinanti, ngagambarkeun kesel nungguan, atawa kanyaah. c. Pupuh Asmarandana, ngagambarkeun rasa silihasih, silih pikanyaah.
d. Pupuh Dangdangula, ngagambarkeun katengtreman, kakawasaan,
jeung kaagungan. Pupuh anu kaasup kanaPupuh Sekar alitnyaéta :
a. Pupuh Balakbak,ngagambarkeun heureuy atawa banyol. b. Pupuh Gambuh,ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.
c. Pupuh Juru Demung,ngagambarkeun nu bingung, susah pilakueun. d. PupuhGurisa,ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
e. Pupuh Landrang,ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
97
9
f. Pupuh Magatru,ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.
g. Pupuh Lambang,ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol anu aya pikiraneunana.
h. PupuhDurma,ngagambarkeun rasa ambek, gede hate, atawa sumanget.
i. PupuhMaskumambang,ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté.
j. Pupuh Mijil,ngagambarkeunkasedih tapi bari gede harepan. k. PupuhPangkur,ngagambarkeun
rasa ambek
nu kapegung,
nyanghareupan tugas nu beurat. l. Pupuh Pucung,ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan.
m. Pupuh Wirangrong,ngagambarkeun nu kawiwirangan, era ku polah sorangan.
7. Guru Wilangan jeung Guru Lagu
Guru wilang nyaéta Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan jajaran dina unggal pada gundukan sarta lobana engang suku
katavokal dina unggal padalisan. Guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa ―dang-ding-dung‖-na sora vokal
dina engang panungtung. Di hadap dipedar rupa-rupa pupuh jeung guru wilangan, guru tangtuna.
No Ngaran Pupuh
Guru Wilang jeung Guru Lagu
1 Asmarandana
81, 8a, 8oe, 8ia, 7ia, 8u, 8a Padalisan: 7
2 Balakbak
12+3e, 12+3e, 12+3e Padalisan: 3
3 Dangdangula
10i, 10a, 8eo, 7u, 9i, 7a, 6u, 8a, 12i, 7a Padalisan: 10
4 Durma
12a, 7i, 6a, 7a, 8i, 5a, 7i Padalisan: 7
5 Gambuh
8u, 8u, 8i, 7a, 8au, 8a0 Padalisan: 5
6 Gurisa
8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, +8a, 8a Padalisan: 6 atawa 8
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
98
9
No Ngaran Pupuh
Guru Wilang jeung Guru Lagu
7 Juru Demung
8a, 8u, 6i, 8a, 8u Padalisan: 5
8 Kinanti
8u, 8i, 8a, 8i, 8a, 8i Padalisan: 6
9 Ladrang
10i, 4a, 8i, 12a Padalisan: 4
10 Lambang
8a, 8a, 8a, 8a, 8a Padalisan:6
11 Magatru
12u, 8i, 8u, 8i, 8o Padalisan 5
12 Maskumambang
12i, 6a, 8i, 8a Padalisan 4
13 Mijil
9i, 6o, 10e, 9i, 7i, 6u Padalisan 6
14 Pangkur
8a, 12i, 8u, 7a, 12u, 8a, 8i Padalisan 7
15 Sinom
8a, 8i, 8a, 8i, 7i, 8u, 8a, 8i, 12a Padalisan 9
16 Pucung
12u, 14e, 12a Padalisan 3
17 Wirangrong
8i, 8o, 8a, 8u, 8i, 8a, 8a Padalisan
8. Struktur Pupuh