Hakékat Pamarekan Komunikatif Tujuan Pamarekan Komunikatif dina Pangajaran Basa Sunda

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 9 1 KAGIATAN DIAJAR 1 PAMAREKAN KOMUNIKATIF DINA PANGAJARAN BASA SUNDA

A. Tujuan

Tujuan kagiatan diajar 1 ngawengku ieu tujuan di handap. 1. Sanggeus maca pedaran, pamilon diklat dipiharep mampuh ngajéntrékeun hakékat pamarekan saintifik kalawan bener. 2. Sanggeus diskusi, pamilon diklat dipiharep mampuh ngaidéntifikasi karakteristik kamampuh komunikatif kalawan taliti. 3. Tina diskusi, pamilon diklat mampuh ngawincik aspék-aspék anu raket patalina jeung pamarekan komunikatif kalawan gawé babarengan. 4. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh nyieun conto larapna pamarekan komunikatif dina pangajaran basa Sunda.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi

Indikator kahontalnakompeténsi kagiatan diajar 1, ngawengku ieu ditataan di handap. 1. Ngajéntrékeun hakékat pamarekan saintifik. 2. Ngaidéntifikasi karakteristik kamampuh komunikatif. 3. Ngawincik aspék-aspék anu raket patalina jeung pamarekan komunikatif. 4. Nyieun conto larapna pamarekan komunikatif dina pangajaran basa Sunda.

C. Pedaran Matéri

1. Hakékat Pamarekan Komunikatif

Kurikulum 2013 nétélakeun yén basa mibanda peran penting minangka wahana pikeun ngaéksprésikeun rasa jeung pikiran kalawan éstétis sarta logis Kemdikbud, 2015: iii. Dina hiji kondisi, basa henteu diperedih pikeun ngaéksprésikeun hiji hal kalawan éfisién, lantaran pangarang hayang ngebréhkeun kahayangna, ideu, rasa, gagasan, kalawan éndah nepi ka mampuh ngahudang perasaan nu maca. Tapi, basa téh diperedih PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 10 1 ogé kudu éfisién tur éféktif dina ngébréhkeun rasa, pikiran, kahayang, ideu kalawan logis tur objéktif supaya gampang kaharti ku nu maca. Éta dua pamarekan téh dina pangajaran basa kudu saimbang. Luyu jeung slogan Kurikulum 2013 ―Basa Éksprési Diri jeung Akademik‖, dina hakekatna mah diajar basa téh nyaéta diajar komunikasi. Ku kituna, pangajaran basa Sunda kudu dipuseurkeun pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina komunikasi ku cara ngagunakeun basa Sunda boh lisan atawa tulisan. Pamarekan komunikatif nyaéta pamarekan pangajaran basa anu mibanda tujuan pikeun ngawangun kompeténsi komunikatif. Salian ti éta, pamarekan komunikatif ogé digunakeun pikeun mekarkeun prosédur- prosédur opat kaparigelan basa, nu ngawengku: ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Hartina, pangajaran téh dipiharep bisa ngaronjatkeun kamampuh komunikasi basa Sunda siswa, boh lisan atawa tulisan, boh resmi boh teu resmi.Pamarekan komunikatif pikeun mekarkeun kaparigelan ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis basa Sunda, saperti katingal dina gambar di handap. Gambar 1. 1Kaparigelan Ngaregepkeun, Nyarita, Nulis, jeung Maca http:www.frewaremini.com http:bjangry.blogspot.co.idwww.flickr.com

2. Tujuan Pamarekan Komunikatif dina Pangajaran Basa Sunda

Patali jeung kompeténsi komunikatif, Canale jeung Swain dina Solichan, 2001:6.19 nétélakeunyén aya opat unsur anu raket patalina jeung kamampuhkomunikatif téh, nyaéta: 1 kamampuhgramatikal nyaéta kamampuhpanyatur ngagunakeun ugeran tatabasa, 2 kamampuh sosiolinguistik, nyaéta kamampuhpanyaturpaham kanakontéks sosial tempat lumangsungna komunikasi, 3 kamampuh wacana, nyaéta kamampuhpanyaturdina midangkeun maksud-maksud komunikasi kalawanmerenah, jeung 4 kamampuhstratégi, nyaéta PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 11 1 kamampuhpanyaturdina ngagunakeun rupa-rupa stratégiwaktu komunikasi. Gambar 1. 2 Kamampuh Komunikatif numutkeun Canale jeung Swain Numutkeun Celce-Murcia, spk 1995, kompeténsi komunikatif ngawengku: a kompeténsi kabasaan, b kompeténsi aksional, c kompeténsi sosiokultural, jeung d kompeténsi stratégis. Pedaran ieu di handap, ngajéntrékeun opat kompeténsi komunikatif. Gambar 1. 3Opat Kompeténsi Komunikatif numutkeun Celce-Murcia, spk. 1995 Larapna dina pangajaran basa Sunda saperti ieu di handap. a. Kompeténsi Kabasaan Kompeténsi kabasaan téh asup kana ranah kapasitas gramatikal jeung leksikal basa Sunda. Siswa dianggap mibanda kompeténsi kabasaan basa Sunda lamun mampuh: cara ngalafalkeun, éjahan, kaidah wangun kecap, ugeran kalimah baku, ugeran kabeungharan, jeung ugeran ma‘na basa Sunda. Kamampuh Komunikatif 1. Gramatika 2. Sosiolinguistik 3. Wacana 4. Strategi Kompetensi Kabasaan Kompetensi Aksional Kompetensi Sosiokultural Kompetensi Strategis PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 12 1 b. Kompeténsi Aksional Kompeténsi aksional disebut ogé kompeténsi tindak basa, lantaran dipatalikeun jeung waktungagunakeun basa Sunda. Waktu ngagunakeun basa lisan, misalna: bisa ménta jasalayanan, muji, ménta informasi, jst. c. Kompeténsi Sosiokultural Kompeténsi sosiokultural, pakait jeung kontéks sosio-kultural dina waktu lumangsungna komunikasi. Ngagunakeun basa Sunda luyu jeung kontéks di mana jeung iraha éta basa Sunda digunakeunana. d. Kompeténsi Stratégis Kompeténsi stratégi pakait jeung kuatna stratégi dina waktu lumangsungna komunikasi ngagunakeun basa Sunda nu ngawengku: ngamimitian, eureun, mertahankeun, ngoméan, jeung museurkeun deui komunikasi.

3. Prinsip-prinsip Pamarekan Komunikatif dina Pangajaran Basa Sunda