Conto Larapna Pamarekan Komunikatif dina Pangajaran Basa Sunda

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 15 1 narima, negosiator, jeung interaktor. Ku kituna siswa henteu ngan saukur pangabisa kana wangun basa, tapi ogé nyangkeum wangun jeung ma‘na basa nu dipatalikeun jeung kontéks dipakéna éta basa. 8. Peran Matéri Matéri kudu dirarancang jeung diajarkeun ka siswa dina raraga ngarojong usaha ngaronjatkeun kaparigelan basa. Sumber: diadaptasi tina Santosa, Universitas Terbuka,2008:2.36

6. Conto Larapna Pamarekan Komunikatif dina Pangajaran Basa Sunda

Larapna pamarekan komunikatif dina pangajaran basa Sunda dibagi jadi dua kagiatan, nyaéta kagiatan anu museurkeun kana parigelactivities focusing on fluency jeung kagiatan anu museurkeun merenah activities focusing on accuracy. Guru basa Sunda disarankeun sangkan ngagunakeun dua jenis kagiatankalawan saimbang. Kagiatan basa Sunda anu museurkeun kana parigelactivities focusing on fluency, ngawengku: 1 ngaréfléksikeun ngagunakeun basa kalawan alamiah; 2 fokus kana kahontalna tujuan komunikasi; 3 ngagunakeun basa kalawan berma’na; 4 ngagunakeun stratégi komunikasi; 5 ngahasilkeun basa anu mungkin muncul ngadadak teu diduga-duga; jeung 6 ngagunakeun basa luyu jeung kontéks digunakeunanan basa Sunda. Conto1 Déskripsikagiatan pangajaran basa Sunda anu ngalarapkeun pamarekan komunikatif ngutamakeun kaparigelan ngagunakeun metode role playing bermain peran. Narasi 1: Aya kelompok siswa tiluan ngadémonstrasikeun kamampuh basa Sunda dina kagiatan bermain peran role playing. Unggal-unggal siswa kudu merankeun minangka Tamu 1, Tamu 2, jeung Pramusaji. Téks paguneman ditulis dina kartu anu dicekel ku unggal-unggal siswa luyu jeung peranna masing-masing. Éta tilu palaku téh magunemkeun masalah pesenan menu anu salah, hartina menu kadaharan anu diasongkeun ku pelayan restoran teu luyu jeung pesenan sarta waktu PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 16 1 ngadagoan éta pesenan kawilang lilana. Dina ieu paguneman palaku disarankeun dibarung ku improvisasi. Siswa kalawan kelompok mraktékkeun dramatisasi anu judulna: Réstoran Siap Saji. Tamu 1 : “Punten, naha ieu pesenan téh salah?” Pan tadi pesenna ogé iga bakar sambel hejo, naha ieu mah sop iga?” Tamu 2 : “Ieu ogé salah, pan tadi pesenna, nasi goréng ayam kremes, naha ieu nasi putih ayam kremes?” Pramusaji : ”Oh punten...ieu pesenan luyu sareng catétan pesena anu dipesen ku ibu sareng bapa”, ceuk pelayan restoran bari langsung ka kasir néangan catétan pesenan makanan meja no.24 ”. Parmusaji : “punten ieu catétanana”. Tamu 1 : “Pan ieu mah sanes meja 24, ieu mah meja 34, salah meja atuh kieu mah”. Tamu 2 : ”Iya..ieu téh salah meja, mani lila deuih pan meja 24 heula nu pesen téh, kakara meja 34...kumaha ieu restoran téh teu Profésional pisan....” Pramusaji :”Oh muhun hapuntenna atuh..., ke antos sakedap...”.

D. Kagiatan Diajar