Ésénsi Pamarekan Saintifik

2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 19 KAGIATAN DIAJAR 2 PAMAREKAN SAINTIFIK DINA PANGAJARAN BASA SUNDA

A. Tujuan

Tujuan kagiatan diajar 2ngawengku ieu tujuan di handap 1. Sanggeus maca pedaran matéri, pamilon diklat mampuh ngajéntrékeun ésénsi pamarekan saintifik. 2. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi prinsip-prinsip pamarekan saintifik. 3. Bari sawala, pamilon diklat mampuh ngajéntrékeun pangalaman diajar dina pamarekan saintifik. 4. Sanggeus sawala, pamilon diklat mampuh nyieun conto larapna pamarekan saintifik dina pangajaran basa Sunda.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi

Indikator kahontalna kompeténsi kagiatan diajar 2, ngawengku ieu di handap. 1. Ngajéntrékeun ésénsi pamarekan saintifik. 2. Ngaidéntifikasi prinsip-prinsip pamarekan saintifik. 3. Ngajéntrékeun pangalaman diajar dina pamarekan saintifik. 4. Nyieun conto larapna pamarekan saintifik dina pangajaran basa Sunda.

C. Pedaran Matéri

1. Ésénsi Pamarekan Saintifik

Pangajaran dina Kurikulum 2013 ngagunakeun pamarekan saintifik atawa pamarekanberbasis prosés kaélmuan. Pamarekan saintifik bisa ngagunakeun sababaraha stratégi atawa modél pangajaran kontékstual. Modél pangajaran anu diwanohkeun dina Permendikbud no.103 taun PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 20 2 2014 ngawengku: Discovery Learning, Project-Based Learning, Problem- Based Learning, Inquiry Learning. Gambar 2. 1Modél-Modél Pangajaran dina Kurikulum 2013 Kurikulum 2013 ngagunakeun stratégi diajar ngajar langsung direct instructional jeung henteu langsung indirect learning. Diajar ngajar langsung nyaéta prosés pikeun mekarkeun pangaweruh, kamampuh mikir, jeung kaparigelan ngagunakeun éta pangaweruh ngaliwatan interaksi langsung jeung sumber diajar anu dirarancang dina silabus jeung RPP. Gambar 2. 2Strategi Pangajaran Langsung jeung teu Langsung Dina kagiatan diajar ngajar anu sipatna langsung siswa ngalakukeun kagiatan observasi, nanya, ngumpulkeun informasi, nyoba, asosiasingolah informasi, jeung ngomunikasikeun. Kagiatan diajar ngajar Modél-modél Pangajaran dina Kurikulum 2013 Discovery Learning Problem Based Learning Projeck Based Learning Inquiry Learning Strategi Pangajaran Basa Sunda Strategi Pangajaran Langsung: KD tina KI 3 jeung KI 4 Strategi Pangajaran Teu Langsung: KD tina KI 1 jeung KI 2 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 21 langsung baris ngahasilkeun pangaweruh jeung kaparigelan anu sipatna langsung ogé, disebut dampak pangajaran instructional effect.Dina Kurikulum 2013, kagiatan diajar ngajar anu langsung raket patalina jeung ngamekarkeun pangaweruh jeung kaparigelan nu aya dina KI3 pangaweruh jeung KI4 kaparigelan.Dina kagiatan diajar ngajar anu sipatna teu langsung, maksudna salila lumangsungna kagiatan diajar ngajar baris ngahasilkeun dampak pengiring nurturant effect. Dina Kurikulum 2013, kagiatan diajar ngajar anu teu langsung raket patalina jeung sikep nu aya dina KI-1 sikep spiritual jeung KI-2 sikep sosial. Aya sababaraha istilah anu digunakeun dina lumangsung kagiatan diajar, nyaéta: 1 pamarekan, 2 modél, 3 stratégi, jeung 4 metode pangajaran. Sangkan leuwih écés, Sadérék baca pedaran ieu di handap a. Pamarekan pangajaran mangrupa cara pandang guru anu digunakeun pikeun nyiptakeun lingkungan pangajaran luyu jeung kompeténsi. b. Modél pangajaran, mangrupa karangka konséptual jeung operasional anu mibanda ngaran, ciri, urutan logis, aturan, jeung budaya. c. Stratégi pangajaran mangrupa léngkah-léngkahsistematik jeung sistemik pikeun nyiptakeun lingkungan pangajaran luyu jeung kompeténsi. d. Metode pangajaran mangrupa cara atawa téhnik anu digunakeun ku guru dina kagiatan diajar ngajar, contona: ceramah, tanya jawab. Hasil ahir pamarekan saintifik nyaéta imbangna kamampuh siswa pikeun jadi manusa anu bener soft skills jeung kamampuh siswa pikeun jadi manusa anu mibanda kaparigelan tur pangaweruh sangkan bisa hirup kumbuh anu manjing di masarakat hard skills. Ieu di handap aya gambar ngeunaan gumulungna ranah sikep, pangaweruh, jeung kaparigelan dina ngalahirkeun siswa produktif, inovatif, kréatif, tur afektif. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 22 2 Gambar 2. 3Ranah Prosés Pangajaran Impleméntasi pamarekan saintifik mangrupa cara ngaorganisasikeun pangajaran ngaliwatan prosés: a. Néngétan observation; b. nanya questioning; c. ngumpulkeun informasinyoba data colectionexperiment; d. asosisasingolah informasi association; jeung e. ngomunikasikeun communication. Gambar 2. 4Pamarekan Saintifik Pamarekan saintifik mangrupa titincakan emas pikeun ngamekarkeun sikep, pangaweruh, jeung kaparigelan siswa. Dina prosésgawé anu nedunan kriteria ilmiah, para ilmuwan leuwih nyoko kana nalar induktif inductive reasoning dibandingkeun jeung nalar deduktif deductive reasoning. Pamarekan deduktif dimimitian ku cara ngajéntrékeunfénoménakalawan umum diteruskeun kana nyieun kacindekan kalawan khusus spesifik. Sabalikna, pamarekan induktif dimimitian ku cara ngajéntrékeun fénoména atawa situasi anu khusus spesifik diteruskeun kana nyieun kacindekan anu sifatna umum. 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 23 Pamarekan saintifik supaya bisa disebut ilmiah, kudu dumasar kana bukti- bukti tina obyék anu bisa diobservasi, sipatna empiris jeung bisa diukur kujalan ngagunakeun prinsip-prinsip nalar anu spésifik ogé. Ku kituna, pamarekan ilmiah umumna ngawengkuprosés aktivitas ngumpulkeun data ngaliwatan observasi, ngumpulkeun dataékspérimén, asosiasingolah data, jeung ngomunikasikeun. biologipedia.blogspot.com Gambar 2. 5Penerapan Saintifik dina Pangajaran Basa Sunda

2. Prinsip-prinsip Pamarekan Saintifik