Téma jeung Amanat Carita 1 Téma Cerita

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 124 11 KD

a. Téma jeung Amanat Carita 1 Téma Cerita

Téma mangrupa ideu tina hiji carita. Nya téma anu ngadadasaran ayana carita sarta jadi pamiangan pangarang dina midangkeun karya rékaan anu diciptana Aminuddin, 2002:107-108. Téma mangrupa dadasar atawa ma‘na tina hiji carita Tarigan 1994:125. Téma nyaéta gagasan, ideu, atawa pikiran utama anu ngadadasaran hiji carita Sudjiman, 1992:30. Éta watesan téma téh sajalan jeung pamadegan Winterowd 1991:298, dina Nurgiyantoro 2007:67 anu nétélakeun yén ―the theme of a story is the deeper meaning, the idea that underlies the narrative”téma carita nyaéta ma‘na anu dikandung dina carita, ideu anu ngadadasaran carita. Téma mangrupa ideu nu ngadadasaran carita nepi ka peranna jadi titik pamiangan pangarang dina midangkeun karya rékaan nu diciptana Aminuddin, 2002:91. Téma téh nyaéta inti pikiran atawa puseur implengan pangarang atawa inti pikiran nu aya dina prosa fiksi. Pikeun nangtukeun hiji téma, urang kudu maca éta carita sagemblengna. Sakapeung téma prosa fiksi ogé disebutkeun dumasar kana téma umumna, upamana baé téma cinta, kapahlawanan, kulawarga, atikan, Lingkungan hirup, jeung sajabana. Tangtu baé anu dimaksud di dieu mah lain téma umum samodél kitu, tapi téma anu leuwih spésifik luyu jeung karangan anu geus dibaca. 2 Amanat Cerita Amanat bisa dihadirkeun dina carita kalawan nyamuni implisit bisa nembrak éksplisit. Amanat ditepikeun kalawan nyamuni lamun ajaran moral disamunikeun dina paripolah tokoh waktu carita rék pungkas. Ari nu ditepikeun kalawan nembrak lamun pangarang di tengah carita atawa di tungtung carita nepikeun panggero, saran, pangwawadi, naséhat, panyaram, jsté. Patali jeung gagasan nu ngadadasaran éta carita Sudjiman, 1992:58. Contona waé, amanat carpon ―Néng Yaya Gering Tipes‖ nyaéta ‗hirup téh kudu boga pikir rangkepan, ulah percaya kitu waé kana omongan batur, lantaran balukarna bisa katipu‘. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 125 11

b. Fakta Carita