Kagiatan Diajar LatihanPancén Tingkesan

3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 43 4. Sistem Penilaian Dina Modél Pangajaran Discovery Learning, penilaian bisa dilakukeun ku cara: tés atawa nontés, nu ngawengku penilaian sikep, pangaweruh, jeung kaparigelan. Saupama urang rék meunteun aspék pangaweruh dina Model Pangajaran Discovery Learning, bisa digunakeun tés tinulis. Saupama wangun penilaianana mangrupa penilaian prosés, sikep, atawa hasil gawé siswa, maké bisa digunakeun format-format penilaian sikep.

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Niténan tujuan jeung indikator. 2. Maca pedaran bahan ngeunaan Model Pembelajaran Discovery Learning dina Pangajaran Basa Sunda. 3. Sawala kelompok pikeun migawe latihanpancén. 4. Maca tingkesan matéri. 5. Néangan tur maca référénsi nu séjénna pikeun ngalengkepan latihanpancén. 6. Tanya jawab ngeunaan bangbaluh ngeunaan matéri dina kagiatan diajar 3.

E. LatihanPancén

1. Discovery mibanda prinsip anu méh sarua jeung inkuiri inquiry jeung problem solving.Jéntrékeun wangenanéta tilu istilah 2. Tulis aktivitas anu bisa dipilampah guru dina ngungkulan prinsip ModélDiscovery Learning yén matéri pangajaran henteu ditepikeun dina wangun final 3. Jéntrékeun tujuan ModelPangajaran Discovery Learning 4. Jéntrékeun kalawan singget léngkah-léngkah operasional impleméntasi Model Pangajaran Discovery Learning tahapan rancangan dina pangajaran basa Sunda 3 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 44 5. Jieun conto Modél Pangajaran Discovery Learning dina pangajaran basa Sunda.

F. Tingkesan

Discovery mibanda prinsip anu méh sarua jeung inkuri inquiry jeung problem solving. Teu aya béda anu prinsipil ngeunaan ieu tilu istilah. 1 Prinsip discoveryLearning leuwih ngutamakeun kana manggihan konsép atawa prinsip anu saméméhna can dipikanyaho siswa. Masalah anu disodorkeun ka siswa nyaéta masalah anu dirékayasa ku guru. 2 Prinsip inquiry masalahna lain hasil rékayasa guru, balukarna siswa kudu satékah polah ngerahkeun pangaweruh jeung kaparigelanana pikeun manggihan hal- hal anyar ngaliwatan prosés panalungtikan. 3 Prinsip problem solving leuwih ngutamakeun kana réngséna ngungkulan masalah. Tujuan digunakeunana ModelDiscovery Learning, nyaéta: 1 ngarobah kondisi diajar tina pasif jadi aktif kréatif, 2 ngarobah modus ekspository siswa ngan narima informasi ti guru kana modus discovery siswa manggihan sorangan informasi. Léngkah-léngkah operasional Modél Pembelajaran Discovery Learning: a Stimulation StimulasiNyumangetan, b Problem Statement Identifikasi Masalah, c Data Collection Ngumpulkeun Data, d Data Processing Ngolah Data, e Verification Ngabuktikeun, jeung f Generalization Nyieun kacindekan

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku