Ambahan Matéri Pola Sora Basa Sunda Pola Sora Basa, Foném, jeung Aksara

7 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 77 KAGIATAN DIAJAR 7 POLA SORA BASA SUNDA

A. Tujuan

Tujuan kagiatan diajar 7saperti tujuan ieu di handap. 1. Sanggeus maca modul, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi ambahan pola sora basa Sunda kalawan taliti. 2. Sanggeus tanya jawab, pamilon diklat mampuh ngajéntrékeun konsonan basa Sunda kalawan taliti. 3. Sanggeus tanya jawab, pamilon diklat mampuh méré conto runtuyan sora, engang, jeung kecap basa Sunda kalawan mandiri. 4. Sanggeus sawala, pamilon diklat mampuh ngajéntrékeun ciri-ciri supraségmental basa Sunda kalawan taliti. 5. Sanggeus sawala, pamilon diklat mampuh ngajéntrékeun rinéka sora basa Sunda kalawan mandiri.

B. Indikator Kahontalna Kompetensi

Indikator kahontalnakompeténsikagiatan diajar 7 saperti ieu di handap. 1. Ngaidéntifikasi ambahan pola sora basa Sunda. 2. Ngajéntrékeun konsonan basa Sunda. 3. Méré conto runtuyan sora, engang, jeung kecap basa Sunda. 4. Ngajéntrékeun ciri-ciri supraségmental basa Sunda. 5. Ngajéntrékeun rinéka sora basa Sunda.

C. Pedaran Matéri

1. Ambahan Matéri Pola Sora Basa Sunda

Pedaran matéri Pola Sora Basa Sunda sagemblengna diadopsi jeung diadaptasi tina buku sumber Tata Basa Sunda Kiwari Sudaryat, spk. 2013, 11-46. Kagunaan basa téh jadi alat campur gaul atawa komunikasi masarakat manusa. Minangka médium komunikasi, basa téh bisa lisan 7 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 78 bisa tulisan. Komunikasi basa lisan dipilampah maké lambang sora basa omongan, ari komunikasi basa tulisan dipilampah maké lambang aksara. Sora basa téh sifatna miganda, nya éta sora ucap parole jeung sora pikir langue. Sora ucap atawa fon mangrupa sora anu dikedalkeun ku baham, anu diulik ku tata sora fonetik. Ari sora pikir atawa foném mangrupa sora anu kadéngéna béda atawa mirip tur sok ngabédakeun harti kecap, anu diulik ku tata foném fonémik

2. Pola Sora Basa, Foném, jeung Aksara

Unggal basa diwujudkeun ku sora. Ku kituna, ulikan sora basa atawa tata sora jadi dasarulikan tulisan atawa tata aksara. Sora nu diulik téh teu sagawayah, tapi sora nu diwangun ku alat ucap, anu disebut sora basa fon. Sora basa aya anu bédakadéngéna, aya anu mirip. Sora basa anu kadéngénabéda atawa mirip tur bisa ngabédakeun harti kecap disebut foném. Foném sok ditulis di antara dua gurat condong .... Upamana baé, sora a, i, u, o, jeung e dina basa Sunda mangrupa foném lantaran opatanana bisa ngabédakeun harti kecap. Geura tengetan contona dina pasangan minimal ieu di handap. Alat Ucap Sora basa mangrupa salasahiji geteran hawa anu katarima ku pangrungu, anu muncul lantaran aya dua barang diadu atawa pagésrék. Ari alat nu dipaké ngawangun sora basa disebutna alat ucap. Sora basa anu diwangun ku alat ucap atawa pakakas ucap disebutna sora omongan fon. Sora omongan anu geus dipaké dina komunikasi sarta ngabogaan pancén pikeun ngabédakeun harti kecap disebutna foném. Dina ngawangun sora basa aya tilu perkara kalibet, nyaéta 1 hawa nu kaluar tina bayah atawa paru-paru, 2 artikulator, jeung 3 tempat artikulasi. Alat ucap anu dipaké pikeun ngawangun sora basa bisa dijéntrékeun dina gambar ieu di handap. 7 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 79 Vokal Cara Ngagunakeun jeung Ngedalkeun Vokal Vokal atawa swara nyaéta sora basa nu diwangun ku hawa nu kaluar tina bayah sarta waktu ngaliwatan tikoro teu meunang hahalang. Dina ngawangun vokal aya tilu perkara anu mangaruhan ajén atawa kualitasna, nyaéta buleud-gepengna wangun biwir, maju-mundurna létah, jeung luhur-handapna létah. Ari vokal dina basa Sunda jumlahna aya tujuh siki seperti dilambangkeun dina tabél ieu di handap. Tabel 7. 1Lambang Vokal Lambang Vokal Grafemis a i u e o e eu Fonémis a i u ε o e eu Fonétis [a] [i] [u] [ε] [o] [∂] [ő] Tabel 7. 2Posisi Vokal Wangun Biwir Posisi Luhur Handapna Létah Hareup Peuseur Tukang Létah tina lalangit b tb b tb b tb Luhur i ő u Tengah o Handap a Keterangan: b : buleud tb : teu buleud

3. Konsonan a. Cara Ngawangun jeung Ngedalkeun Konsonan