PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
120
11 KD
―Yap ka dieu, Ujang Nyai‖, pangangken Bi Imi soméah pisan. ―Puguh indungna teu aya di imah, keur néang nu rék ngajuru ka Pasir
Nangoh‖. Dicutat tina Kanyaah Kolot Karna Yudibrata, 1985: 44-56
Wacana anu bieu dibaca di luhur téh mangrupa carita pondok atawa carpon. Ukuranana mémang pondok, bisa dibaca ukur lima nepi ka
sapuluh menit. Karangan prosa fiksi anu wangunna pondok siga kitu téh lain ngan carpon wungkul, aya ogé nu disebut dongéng. Lamun carpon
ilaharna nyaritakeun kajadian nyata, ari dongéng umumna ngandung unsur pamohalan.
Carita pondok téh nyaéta carita rékaan fiksi tina tingkah laku manusa anu nyaritakeun kahirupan masarakat atawa manusa sapopoé anu méré
kesan lir enya-enya kajadian. Eusina biasana teu leupas tina ajén atikan jeung moral pikeun pieunteungeun atawa picontoeun hususna anu
macana.
Carita pondok téh sok disingget jadi carpon. Carpon téh najan nyaritakeun hirup jeung huripna manusa, tangtu lain sagemblengna, biasana ukur
nyokot tina sempalan épisode kajadian utama manusa. Pantes mun ieu genre sok disebut carita pondok ogé lantaran ukuranana pondok. Lebah
ukuran pondok téa, aya nu diukur ku jumlah kecapna antara 5.000- 10.000 kecap. Aya ogé anu diukur ku waktu macana, kurang leuwih
saparapat jam, upama dibaca nepi ka réngsé téh.
2. Ciri-ciri Carita Pondok
Unggal carita miboga ciri anu mandiri anu ngabédakeun jeung karya lianna. Carita pondok ngabogaan ciri-cirina nu mandiri. Sumardjo 1980
nyebutkeun yen carita pondok teh wangun fiksina pondok, sifat caritana naratif, lain argumentatif, carita fiksi tapi kudu réalistis mangrupa hiji
kajadian. Leuwih lengkep deui, ceuk Tarigan 1994: 177-178, carita pondok miboga ciri-ciri, nya éta:
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
121
11
a. Wangun fiksina pondok; hartina wangun fiksina pondok nyaéta saumpama ditilik tina jumlah kecapna atawa caritana leuwih saeutik
tibatan prosa-prosa séjén b. Sifat caritana naratif; hartina sifat caritana naratif nya éta carita pondok
téh ngan ukur nyaritakeun kajadian-kajadian nu kaalaman ku palaku, lain déskriptif, arguméntatif atawa analisis
c. Caritana mangrupa karangan fiksi; hartina dina carita pondok nya éta anu dicaritakeun téh mangrupa kajadian anu lain saenyana atawa
bener-bener anu kaalaman ku manusa ukur rékaan d. Eusi carita umumna réalistis; hartina najan mangrupa hasil rékayasa
pangarang, tapi tetep jalan caritana kudu kaharti ku akal e. Carita pondok kudu mangrupa hiji kajadian; hartina carita pondok
nyaritakeun hiji kajadian kudu gembleng atawa museur kana hiji implengananu jadi téma dina éta carita
f. Basa nu digunakeun kudu singget tapi munel, seukeut, sugestif jeung ngirut; hartina basa anu digunakeun dina carita pondok téh kudu
singget, teu ngayayay, munel, seukeut jeung sugestif anu narik ati pikeun nu maca.
3. Kamekaran Carita Pondok
Carita pondok mimiti aya dina pajemuhan sastra Sunda dina majalah Parahiangan, ahir taun 1920-an. Ari kumpulan carita pondok anu
munggaran dina basa Sunda nya éta Dog-dog Pangréwong karangan G.S. anu medal taun 1930. Jadi leuwih ti heula genep taun, upama
dibandingkeun jeung buku carita pondok munggaran dina sastra Indonésia, Téman Duduk karangan M. Kasim, anu terbit taun 1936.
Minangka gambaran sejen tina kamekaran carita pondok, di antarana, ebreh tina buku-buku kumpulan carita pondok. Geura urang tataan
sawatara judul buku kumpulan carita pondok katut pangarangna atawa nu ngumpulkeunana. Contona:
1 Aam Amilia: Panggung Wayang; 2 Abdullah Mustappa: Nu Teu Kungsi Kalisankeun;
3 Ahmad Bakri: Ki Mérébot, Ayatrohaédi: Hujan Munggaran;
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
122
11 KD
4 Caraka sandiasma Wiranta: Néangan; 5 Éddy D. Iskandar: Tali Asih anu Nganteng, Lembur Singkur
Panineungan; 6 Godi Suwarna: Murang-maring, Serat Sarwasatwa.
Salian ti éta, aya antologi carita pondok, nya éta Kanjut Kundang dihijikeun jeung puisi katut sempalan novel beunang Ajip Rosidi jeung
Rusman Sutiasumarga, Sawidak Carita Pondok dikumpulkeun ku Duduh Durahman, Abdullah Mustappa, jeung Karno Kartadibrata, Guriang Tujuh,
kumpulan karya parapangarang wani
ta ―patrem‖, Petingan, beunang Duduh Durahman, Salumar Sastra dihijikeun jeung puisi katut éséy,
mangrupa kumpula n pinunjul ―Hadia Sastra LBSS‖.
4. Papasingan Carita Pondok