Kagiatan Diajar LatihanPancén Tingkesan Uji Balik jeung Lajuning Laku

6 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 75

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Niténan tujuan jeung indikator. 2. Maca pedaran bahan ngeunaan Ciri Ragam Basa Sunda Lemes jeung Kasar 3. Sawala kelompok pikeun migawé latihanpancén. 4. Maca raguman matéri. 5. Néangan tur maca référensi nu séjénna pikeun ngalengkepan latihanpancén. 6. Tanya jawab jeung fasilitator lamun aya bangbaluh ngeunaan matéri dina kagiatan diajar 6.

E. LatihanPancén

1. Jentrékeun wangenan undak usuk basa Sunda 2. Idéntifikasi panta-panta basa Sunda 3. Jieun conto larapna basa Sunda loma dina kalimah anu mérénah 4. Jieun conto larapna basa Sunda lemes keur ka sorangan dina kalimah anu mérénah 5. Jieun conto larapna basa Sunda lemes eur ka batur dina kalimah anu mérénah.

F. Tingkesan

Numutkeun sawatara ahli asupna undak-usuk kana basa Sunda téh ti mimiti abad ka-17, dina mangsa sabagian tatar Sunda kaereh ku Mataram. Utamana wewengkon Priangan, saperti: Ciamis, Tasikmalaya, Garut, Bandung, Sumedang, Sukabumi, jeung Cianjur. Undak usuk basa sunda nyaéta panta-panta basa, dipakéna diluyukeun jeung kaayaan umur, kalungguhan, sarta situasi nu nyarita jeung nu diajak nyarita katut nu dicaritakeunana. Dina ieu pedaran, undak-usuk basa Sunda diwangun ku: basa Sunda Loma, Basa Sunda Sedeng, jeung Basa Sunda lemes. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 76 6 Basa Sunda Loma. Digunakeun ka sasama, ka babaturan anu geus loma. Salian ti éta, bareto mah sok dipaké ogé pikeun nyarita ka jalma anu sahandapeunana, pangkatna, umurna, atawa pikeun nyaritakeun jalma nu sahandapeun upama anu dicaritakeunana téh sahandapeun nu diajak nyarita.

H. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur kamampuhnyangkemmateri ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap nyangkem matéri ajar 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun matéri kana Kagiatan Diajar 7. Tapi, lamun tahap ngawasa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deres deui matéri dina Kagiatan Diajar 6, pangpangna matéri nu tacan kacangkem. 7 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 77 KAGIATAN DIAJAR 7 POLA SORA BASA SUNDA

A. Tujuan