LatihanPancén Tingkesan Uji Balik jeung Lajuning Laku

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 17 1

E. LatihanPancén

Jawab atawa terangkeun ieu pertanyaan di handap 1. Tuliskeun rupa-rupa kahayang panyatur nu diébréhkeun dina ngagunakeun basa 2. Terangkeun wangenan pamarekan komunikatif dina pangajaran basa Sunda 3. Jentrékeun opat unsur kamampuh komunikatif numutkeun Canale jeung Swain 4. Tétélakeun pamarekan komunikatif dipatilikeun jeungpemerolehan basa kadua 5. Jieun conto pangajaran basa Sunda anu maké pamarekan komunikatif

F. Tingkesan

Basa mangrupa alat komunikasi pikeun rupa-rupa fungsi, pikeun: 1 ngébréhkeun informasi faktual ngaidéntifikasi, ngalaporkeun, nanya, jeung ngoréksi; 2 ngébréhkeun sikep inteléktual satuju-teu satuju; 3 ngébréhkeunsikep moral ménta hampura, ngébréhkeun rasa kaduhung, pangajén; jeung 4 sosialisasi ngawanohkeun diri, ngawilujengkeun, ménta diperhatikeun. Pamarekan komunikatif nyaéta pamarekan pangajaran basa anu tujuanana pikeun ngawangun kompeténsi komunikatif. Lian ti éta pamarekan komunikatif ogé digunakeun pikeun mekarkeun prosedur-prosedur opat kaparigelan basa siswa, nu ngawengku: ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Hartina, pangajaran dipiharep ngaronjatkeun kamampuh komunikasi basa Sunda siswa, boh lisan atawa tulisan, boh resmi boh teu resmi. Patali jeung kompeténsi komunikatif, Canale jeung Swain dina Solichan, 2001:6.19 nétélakeunyén aya opat unsur anu raket patalina jeung kamampuh komunikatif, nyaéta: 1 kamampuhgramatikal nyaéta kamampuhpanyatur ngagunakeun kaidah gramatikal,2kamampuhsosiolinguistik, nyaéta kamampuhpanyaturngeunaankontéks sosial tempat lumangsungna komunikasi, 3 kamampuh wacana, nyaéta kamampuhpanyaturmidangkeun PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 18 1 maksud-maksud komunikasi kalawanmerenah, jeung 4 kamampuhstratégi, nyaéta kamampuhpanyatur ngagunakeun rupa-rupa stratégi pikeun ngayakeun komunikasi.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal matéri ajar 80 ka luhur, bisa nuluykeun matéri kagiatan diajar 2 tapi, lamun tahap ngawasa kurang ti 80, pék balikan deres deui matéri dina Kagiatan Diajar 1, pangpangna matéri nu tacan kacangkem. 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 19 KAGIATAN DIAJAR 2 PAMAREKAN SAINTIFIK DINA PANGAJARAN BASA SUNDA

A. Tujuan