Uji Balik jeung Lajuning Laku Tujuan Indikator Kahontalna Kompeténsi

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 36 2

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pek cocogkeun hasil pagawean Saderek kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur kamampuh nyangkem bahan ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Saderek ngahontal tahap nyangkem matéri ajar 80 ka luhur, Saderek bisa nuluykeun kana matéri kagiatan Diajar 3. Tapi, lamun tahap ngawasa Saderek kurang ti 80, pek balikan deres deui matéri dina Kagiatan Diajar 2, pangpangna matéri nu tacan kacangkem. 3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 37 KAGIATAN DIAJAR 3 MODEL PANGAJARAN DISCOVERY LEARNING DINA PANGAJARAN BASA SUNDA

A. Tujuan

Tujuan kagiatan diajar 3ngawengku ieu tujuan di handap. 1. Sanggeus masa pedaran matéri, pamilon diklat mampuh ngajéntrékeun wangenan Model Pangajaran Berbasis Penemuan Discovery Learning. 2. Bari diskusi kelompok, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi léngkah- léngkah operasional impleméntasi Model Discovery Learning dina proses diajar ngajar. 3. Bari diskusi, pamilon diklat mampuh ngajéntrékeun cara meunteun Model Pangajaran Discovery Learning. 4. Sanggeus latihan, pamilon diklat mampuh nyieun conto penerapan Model Pangajaran Discovery Learning dina pangajaran basa Sunda.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi

Ieu di handap Indikator kahontalnakompetensi kagiatan diajar 3. 1. Ngajéntrékeun wangenan Model Pangajaran Berbasis Penemuan Discovery Learning. 2. Ngaidéntifikasi léngkah-léngkah operasional impleméntasi Model Pangajaran Discovery Learning dina proses diajar ngajar. 3. Ngajéntrékeun cara meunteun Model Pangajaran Discovery Learning. 4. Nyieun conto penerapan Model Pangajaran Discovery Learning pangajaran basa Sunda. 3 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 38

C. Pedaran Matéri