Léngkah-léngkah Modél Pangajaran Berbasis Masalah PBL

4 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 50 d. Silih Tukeran Pangaweruh Exchange knowledge Sanggeus siswa meunang sumber référénsi pikeun ngeuyeuban matéri kalawan mandiri, dina pangajaran nu baris datang, siswa diskusi kelompok dibantuan ku guru pikeun ngarumuskeun udaganana jeung ngarumuskeun jalan kaluar pikeun ngungjulan masalahna.

3. Léngkah-léngkah Modél Pangajaran Berbasis Masalah PBL

Léngkah-léngkahmodél pangajaran Berbasis Masalah PBL bisa ditengetan dina tabel ieu di handap Tabel 4. 2Léngkah-léngkahModél Pangajaran Berbasis Masalah Fase-fase Aktivitas Guru jeung Siswa Fase 1 Oriéntasi siswa kana masalah. Ngajéntrékeun tujuan pangajaran. Ngajéntrékeun logistik anu diperlukeun. Nyumangetan siswa pikeun aktif dina ngungkulan masalah anu geus dipilih. Fase 2 Ngaorganisasikeun siswa. Mantuan siswa nyieun wangenan jeung ngaorganisasikeun pancén diajar anu raket patalina jeung masalah anu keur ditalungtik. Fase 3 Ngabimbing panalungtikan individukelompok. Ngadorong siswa pikeun ngumpulkeun informasi anu luyu, ngalaksanakeun éksperimén, sarta pikeun ngungkulan masalah. Fase 4 Mekarkeun jeung nyodorkeun hasil karya. Mantuan siswa dina ngararancang jeung nyiapkeun karya anu luyu jeung masalah anu keur ditalungtik, saperti: laporan, modél, atawa babagi pancén jeung babaturan. Fase 5. Ngaanalisis jeung ngaévaluasi prosés ngungkulan masalah. Ngaévalusi hasil diajar ngeunaan matéri anu geus dipikanyahoménta kelompok pikeun préséntasi hasil gawé siswa. Fase 1: Ngaoriéntasikeun Siswa kana Masalah Aya opat hal anu kudu dipilampah dina ieu prosés. a. Tujuan utama pangajaran lain pikeun ngulik sawataramatéri anyar, tapi pikeun ngulik masalah-masalah penting jeung kudu kumaha jadi siswa anu mandiri. 4 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 51 b. Masalah jeung panalék anu keur diulik henteu mibanda jawaban anu mutlak. Ku kituna, hiji masalah anu rumit atawa komplek baris mibanda loba cara pikeun ngungkulanana. c. Salila keur aya dina tahap panalungtikan, siswa didorong pikeun nyodorkeun panalék jeung néangan informasi. d. Salila tahap analisis, siswa didorong pikeun nyodorkeun ide-idena kalawan jéntré. Fase 2: Mengorganisasikeun Siswa pikeun Diajar Di sagigireun mekarkeun kaparigelan ngungkulan masalah, Modél Pangajaran PBL ogé ngadorong siswa sangkan diajar kolaborasi, gawé babarengan, sharing jeung siswa anu séjénna. Ku kituna, guru bisa ngamimitian kagiatan diajar ku cara ngawangun kelompok-kelompok siswa pikeun ngungkulan masalah anu béda-béda. Fase 3: Mantuan Panalungtikan Mandiri jeung Kelompok Panalungtikan mangrupa inti tina PBL. Sok sanajan unggal-unggal masalah merlukeun téhnik panalungtikan anu béda-béda, kalawan ngalibetkeun karakter anu idéntik, nyaéta: ngumpulkeun data, éksperimén, hipotésis, jeung cara ngungkulan masalah. Fase 4: Mekarkeun jeung Nyodorkeun Artéfak Hasil Karya jeung Pameran Tahap panalungtikan diteruskeun ku nyiptakeun artéfak hasil karya jeung pameran. Artéfak bisa mangrupa laporan titulis, video tape nuduhkeun situasi masalah jeung cara ngungkulan masalah anu diusulkeun, modél wujud kalawan fisik tina situasi jeung cara ngungkulanana, program komputer, jeung multimedia.Léngkah saterusna nyaéta siswa mamerkeun hasil karyana, guru mibanda peran salaku organisator pameran. Fase 5: Analisis jeung ÉvaluasiProsés Ngungkulan Masalah Siswa ngaanalisis jeung ngaévaluasiprosés panalungtikanana. Guru mérépancén ka siswa pikeun merekonstruksi pemikiran jeung kagiatan anu geus dipilampah dina proses diajar. 4 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 52 Pancén Sanggeus Sadérék maca léngkah-léngkah Modél Pangajaran Berbasis Masalah PBL di luhur, prak terapkeun lima léngkah Modél PBL dina pangajaran basa Sunda Mata Pelajaran : Basa Sunda KelasSemester : ..................... MateriTopik : .................... Waktu : .................... Fase-fase Modél Pangajaran PBL Aktivitas Siswa jeung Guru Fase 1 Oriéntasi Siswa kana Masalah Fase 2 Ngaorganisasikeun Siswa Fase 3 Ngabimbing Panalungtikan IndividuKelompok Fase 4 Mekarkeun jeung Nyodorkeun Hasil Karya Fase 5 Ngaanalisis jeung Ngaévaluasi Prosés Ngungkulan Masalah

4. MeunteunModél Pangajaran Berbasis Masalah