Sarana Sastra Unsur Intrinsik Carita Pondok

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 129 11 bisa ogé dina salasahiji bagian carita. Alur mundur biasa ogé disebut flashback. 3 Latar Setting Cerita Latar carita téh mangrupa tarjamahan tina istilah setting. Aminuddin 2002:62 nétélakeun yén setting minangka latar kajadian dina karya fiksi boh mangrupa tempat, waktu boh kajadian, sarta mibanda fungsi fisikal jeung fungsi psikologis. Nurutkeun Abrams 1981:173, latar carita bisa tempat umum general locate, waktu kasajarahan historical time, jeung kabiasaan masarakat social circumtance dina babagian carita. Latar téh aya dua rupa nya éta latar tempat jeung latar waktu. Latar tempat nuduhkeun di mana kajadianana, ari latar waktu nuduhkeun iraha kajadianana.Latar tempat biasana dicaritakeun dina awal-awal carita. Aya kalana latar tempat téh mangrupa unsur penting dina carita.

c. Sarana Sastra

Sarana sastra mangrupa unsur-unsur karya sastra anu raket patalina jeung tilu unsur, nyaéta 1 puseur sawangan, 2 gaya basa, jeung 3 judul carita. 1 Puseur Sawangan Puseur implengan point of view mangrupa tempat sastrawan nyawang caritana. Tina éta tempat sastrawan nyaritakeun tokoh, kajadian, tempat, jeung waktu ku gayana sorangan Siswanto, 2008:181. Puseur sawangan aya bédana puseur carita fokus pengisahan. Puseur sawangan nyaritakeun fungsi pangarang pencerita dina hiji carita, ari puseur carita masualkeun tokoh mana anu dipentingkeun ku pangarang. Palebah dieu, Sudjiman 1992:78 nétélakeun yén: Sudut pandang atau point of view dan fokus pengisahan mempunyai titik tolak yang berbeda; berbicara tentang sudut pandang, orang bertolak dari penceritanya, yaitu tempat pencerita di dalam hubungannya dengan ceerita atau posisi pencerita di dalam membawakan kisahnya. Adapun berbicara PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 130 11 KD mengenai fokus pengisahan orang bertolak dari tokoh-tokoh mana yang disorot pencerita, pusat perhatian, pusat sorotan atau fokus pengisahan si pencerita. 2 Basa dina Carita Pondok Carita pondok kagolong kana karya sastra naratif nu mindeng ngagunakeun basa nu cenderung sipatna stilistik atawa ngandung gaya basa. Ari basa nu stilistik téh sipatna mentingkeun kaéndahan, anu sakapeung nyimpang atawa patukang tonggong jeung kaédah basa sapopoé. Dina carita pondok, aspék kréativitas atawa karancgaéan jadi ciri pangarang dina midangkeun caritana ku cara maké basa nu éndah. Basa dina carita pondok mangrupa eunteung kaéndahan nu sipatna hayalan réfléksi artistik imajinatif pangarangna kana réalitas kehirupan. Unsur gaya basa dina carita nyoko kana dua maksud. Kahiji, raket patalina jeung basa injeuman figurative language anu aya dina carita pondok. 3 Judul Carita Judul atawa titél mangrupa étikét, labél, mérek, atawa ngaran anu dipaké ku wacana atawa karangan. Judul téh gedé gunana pikeun mikat kapanasaran nu maca kana pasualan nu keur dicaritakeun. Judul sipatna simbolis tur mangrupa slogan anu midangkeun topik dina wangun nu pikatajieun. Ku kituna, judul kudu saluyu tur ngawakilan sagemblengna eusi karangan, écés, tur singget. Judul carita mangrupa ngaran tina éta carita. Ilaharna judul carita dijieun sanggeus carita réngsé. Judul carita kudu luyu jeung eusi cari ta. Contona waé, judul carpon ―Neng Yaya Gering Tipes‖ karya Karna Yudibrata saluyu jeung eusina anu nyaritakeun tokoh Néng Yaya katarajang gering tipes. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 131 11

D. Kagiatan Diajar