PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
93
9
KAGIATAN DIAJAR9
WANGUN JEUNG STRUKTUR PUPUH
A. Tujuan
Di handap ieu, Tujuan Kagiatan Diajar 9. 1. Sanggeus maca pedaran materi, pamilon diklat mampuh ngajentrekeun
wangenan pupuh kalawan jentre. 2. Sanggeus tanya jawab, pamilon diklat mampuh wangun pupuh kalawan
bener. 3. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh guru wilangan jeung guru lagu
kalawan taliti. 4. Sanggeus diskusi, pamilon diklat ampuh ngajentrekeun struktur pupuh
kalawan taliti.
B. Indikator Kahontalna Kompeténsi
Di handap ieu Indikator Kahontalna Kompeténsi Kagiatan Diajar 9. 1. Ngajéntrékeun wangenan pupuh.
2. Méré conto wangun pupuh. 3. Ngajéntrékeun guru wilangan jeung guru lagu pupuh.
4. Ngajéntrékeun struktur pupuh.
C. Pedaran Matéri
1. Tiori jeung Konsép Pupuh
Seni pupuh mangrupa gabungan seni sastra jeung lagu Sunda anu ayeuna aya 17 rupa pupuh. Nurutkeun Herdini, seni pupuh Sunda dina
abad 17-18 M mangrupa pangaruh ti Mataram. Ku kituna, Mataram miboga otoritas politik di daérah Priangan.Pangaruh budaya Mataram
geus méré warna kana seni budaya Sunda, hususna seni pupuh Sunda. Nurutkeun sababaraha informasi sajarah, seni pupuh digunakeun di
Kelompok nu tangtu. Dina jaman kolonial seni pupuh digunakeun salaku
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
94
9
alat komunikasi tulisansurat. Tapi luyu jeung mekarna jaman, pupuh dimekarkeun jadi sababaraha rupa kasenian tradisi Sunda. Misalna,
Cianjuran, Cigawiran, Ciawian, Wawacan, Gending Karesmen, jeung sajabana.
Pupuh lain ngan ukur di Sunda, tapi aya ogé di Jawa, Bali, Sumatra, jeung sajabana. Di Jawa pupuh disebut macapat, tina kecap
‗maca‘‗papat‘ hartina
‗maca opat-opat‘. Ngeunaan umur macapat, aya dua sawangan. Sawangan kahiji macapat babar diahir jaman Majapahit jeung mekar dina
jaman Islam ku Wali Songo dina abad ka-15. Prijohoetomo nétélakeun yén macapat téh mangrupa turunan kakawén. Purbacaraka jeung
Zoetmulder nétélakeun yén macapat mangrupa metrum puisi asli Jawa anu umurna leuwih kolot tibatan kakawén.
Sekar kawih mangrupa kakawén jeung terjemahan puisi India tina basa Jawa Kawi ku pujangga Jawa Kuno. Sekar kawih disebut ogé
‗macasa lagu
‘ atawa ―wawacan munggaran‖. Nurutkeun Ronggowarsito, sekar kawi diciptakeun ku Mpu Yogiswara dina taun 1004 Saka 1082 M.
Pupuh nu kaasup Sekar kawih di antarana: Candaka, Dandaka, Dretti, Nitrakia, Nutra Nustupa, Patra, Sasdi, jeung Trista.
Sekar ageng atawa tembang gedé disebut ogé
‗macaro‘ lagu. Nurutkeun Hadisumarno, sekar ageung disusun ku Prabu Daniswara dina taun 1088
Masehi. Pupuh nu kaasup kana ieu sekar diantarana: Banjaransari, Candrawilasita, Dadap mantep, Hasta kuswala, Langen asmara, Madu
ratna, Padmawicitra, Surarétna, jeung Wisati kendéh. `Sekar tengahan
‘ atawa ‗sekar dagelan‘ disebut ‗macatri lagu‘. Ieu sekar diciptakeun ku Prabu Daniswara Raja medang kamulan taun 1090
Maséhi. Pupuh nu kaasup kana sekar aya 51 rupa, diantarana Girikatang, Duduk wuluk, Jaya raga, Kalayar, Lambang sari.
2. Pupuh jeung Mantra