NGEDALKEUN OMONGAN No. DIAJAR MACA 1 No. NULISKEUN AKSARA No.

19

Bab 2 Pituduh Husus

5. Guru nanya ka murid, saha anu di imahna ngukut sasatoan? Sato naon waé anu dikukut téh? Jawaban murid tangtuna gé rupa-rupa. Mungkin aya anu ngukut hayam, manuk, lauk, jeung sajabana. Jawaban murid téh pikeun nyukangan pedaran matéri saterusna.

B. NGEDALKEUN OMONGAN No.

Kagiatan 6. Satutasna ngabandungan carita ngeunaan Tisna anu karesepna miara sasatoan, murid sina ngajarawab pertanyaan patali jeung eusi éta carita. 7. Pertanyaanana dibaca ku guru, sina bagilir dijawab ku murid. Jawabanana téh aya anu persis sakumaha ceuk dina wacana, aya deuih anu dumasar kana kaweruh murid. 8. Hiji pertanyaan bisa waé dijawab ku sababaraha murid. Pertanyaan jeung jawaban salengkepna kieu: 1. miara sato naon waé tisna téh jawabanana: japati jeung kelenci 2. ari anak japati disebut naon jawabanana: piyik 3. hidep apal naon ari parab japati jawabanana: jagong, bangsal, atawa béas 4. kelenci tisna téh paméré ti saha jawabanana: paméré ti komar 5. kumaha ari warna buluna jawabanana: barodas 6. naon maksudna sajodo téh jawabanana: jalu jeung bikang 7. kumaha tisna téh miara satona jawabanana: mani tulatén 8. matak jadi kumaha mun elat maraban jawabanana: matak jadi dosa 20 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas I

C. DIAJAR MACA 1 No.

Kagiatan 9. Dina Diajar Maca 1, murid diwanohkeun kana fonem vokal “e”, fonem konsonan “p”, “g”, “c”, “w”, jeung “y”. 10. Saméméh prak diajar maca, guru némbongkeunnuduhkeun gambar emur, peti, sugu, cau, sawah, jeung kuya, bari disebutkeun hiji-hijina. 11. Guru mimiti ngéjah aksara sakumaha anu aya di handapeun gambarna, ngagunakeun métodeu SAS, murid sina nurutan. Mimiti anu nurutan maca téh saréréa, geus kitu sina saurang-saurang. 12. Guru nugaskeun murid tanpa dicontoan heula pikeun ngéjah aksarana. Mimiti anu maca téh saréréa, geus kitu sina saurang-saurang.

D. NULISKEUN AKSARA No.

Kagiatan 13. Murid diwanohkeun kana aksara tulis. Guru kudu nyadiaken heula alat peraga pikeun ngajarkeun cara nulisken fonem vokal jeung fonem konsonan sakumaha anu geus diajarkeun. Kecap anu kudu ditulis téh nyaéta anu ngandung fonem vokal jeung fonem konsonan sakumaha nu geus diajarkeun dina Diajar Maca 1. 14. Murid sina nyalin kecap dina buku tugas masing-masing. Saméméhna ku guru dicontoan heula cara nulisna. 15. Fonem vokal “e” ukur bisa nempatan awal atawa tengah kecap, teu bisa dina posisi tungtung. Ari fonem konsonan “p”, “g”, “c”, “w”, jeung “y” mah bisa nempatan posisi di awal, di tengah, jeung di tungtung kecap. 16. Hasil pagawéan murid dipariksa ku guru, terus dipeunteun.

E. DIAJAR MACA 2 No.