55
Bab 2 Pituduh Husus
PANGAJARAN 7
Tema
: Miara barang jeung mikanyaah sasatoan katut tatangkalan
Bahan :
Téks jeung gambar
Waktu
: 4 minggu
KAGIATAN DIAJAR NGAJAR
Téma anu ditangtukeun dina Pangjaran 7 diwadahan dina téks pupuh kinanti. Murid sina dialajar nembangkeun éta pupuh. Piken nambahan kaweruh murid, eusi éta pupuh
téh dipedar ku guru dina basa lancaran. Dipiharep dina diri murid tumuwuh sikep positif dina miara barang, jeung dina mikanyaah sasatoan katut tatangkalan.
Din bagian séjénna murid dibéré tugas sina ngedalkeun omongan anu patali jeung sasatoan katut tatangkalan
A.  NGAREGEPKEUN TEMBANG No.
Kagiatan
1. Dina ngaregepkeun tembang, anu baris diajarkeun téh pupuh kinanti, kabéhna
téh  aya  opat  pada.  Eusina  nyaritakeun  kudu  kumaha  dina  ngurus  barang sangkan henteu téréh ruksak.
2. Saméméh  ditembangkeun,  éta  téks  pupuh  kinanti  téh  dibaca  heula,
dibedaskeun. Alusna mah anu macana téh murid, dibagilirkeun, anu séjénna sina ngabarandungan.
3. Guru nembangkeun pupuh kinanti, sapada heula, murid sina ngabarandungan.
Guru nerangkeun yén éta téh pupuh kinanti. 4.
Guru  nyontoan  nembangkeun,  sina  diturutan  ku  kabéh  murid.  Mimitina sapadalisan-sapadalisan.  Lamun  sakirana  murid  dianggap  geus  mampuh
nurutan, terus ditingkatkeun jadi nembangkeun sapada.
5. Murid sina nembang babarengan, henteu dituyun ku guru. Geus kitu terus
dipentés  saurang-saurang,  anu  séjénna  sina  ngabarandungan.  Saban  murid cukup nembangkeun sapada waé.
56
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas I
B.   NGABANDUNGAN PEDARAN EUSI TEMBANG No.
Kagiatan
6. Guru  medar  eusi  pupuh  kinanti  anu  bieu  ditembangkeun.  Dina  hal  ieu
ulah  waka  nerangkeun  aturan  pupuh  anu  kawengku  ku  guru  lagu  jeung guru wilangan. Cukup ku disebutkeun yén pupuh kinanti téh diwangun ku
genep  jajar.  Pikeun  murid  kelas  I,  ku  bisa  nembangkeun  pupuh  hasil  tina ngaregepkeun ogé dianggap geus cukup.
7. Pedaran anu ditepikeun ku guru téh geus disayagikeun dina buku pangajaran.
Jadi ngan kari maca waé. Tapi tangtu bakal leuwih alus mun pedaran guru téh dilegaan. Anu  penting  mah  kudu  nerangkeun  yén  barang  bakal  awét  jeung
lila kapakéna lamun urangna apik. Ulah kana barang nu hargana mahal waé apik téh, nya. Kana barang anu hargana murah ogé sarua waé kudu apik. Apan
sanajan murah gé angger loba gunana. Contona patlot. Enya ari hargana mah kaitung murah, tapi apan loba gunana. Pék geura lamun urang teu boga patlot,
tangtu moal bisa migawé tugas ti IbuBapa Guru. Enya, rék kumaha nulisna lamun patlotna mah euweuh mah. Éta cenah bisa diganti ku pulpén, tapi apan
béda deui.
8. Anu dimaksud apik di dieu téh nyaéta apik dina makéna, apik dina ngurusna,
jeung  apik  dina  nundana.  Urang  ulah  sok  neundeun  barang  di  mana  waé sokna, tapi kudu dina tempatna. Lamun ditunda di mana waé, urang bisa poho.
Atuh lamun arék maké téh kudu ditéangan heula.
9. Saterusna guru nerangkeun yén barang dipakéna kudu saluyu jeung gunana.
Patlot  gunana  pikeun  nulis. Tah  ku  sabab  éta  nya  kudu  digunakeun  pikeun nulis. Baju paranti sakola, apan digunakeunana téh mun urang sakola. Jadi di
mana geus balik ti sakola, upamana hidep rék ulin, kudu diganti ku baju séjén anu biasa paranti ulin.
Lamun baju geus kalotor, ku urang kudu gancang diseuseuh. Teu hadé lamun baju  nu  geus  kotor  tapi  ku  urang  terus  dipapaké.  Kitu  deui  sapatu,  lamun
geus kotor téh kudu gancang dikumbah, terus dipoékeun. Lamun sapatu kulit, sangkan awét téh kudu disemir.
10. Lamun urang bener dina maké, ngurus, jeung nunda hiji barang, tangtu moal
gancang ruksak atawa leungit. Lamun hiji barang ruksak atawa leungit, apan urang téh kudu meuli deui. Duitna ménta ka kolot. Tuh pan matak hambur duit.
Komo  kana  barang  meunang  nginjeum  mah  kudu  leuwih  apik.  Lamun barangna ruksak ku urang, apan matak éra dina mulangkeun deui téh. Jeung
ku  batur  ogé  di  mana  urang  butuh  terus  rék  nginjeum  deui,  moal  dibéré nginjeum,  da  kapokeun.  Komo  mun  barang  meunang  nginjeum  tepi  ka
leungit mah, ku urang kudu digantian.
57
Bab 2 Pituduh Husus