39
Bab 2 Pituduh Husus
K. NATAAN KULAWARGA JEUNG DULUR No.
Kagiatan
42. Satutasna meunang katerangan ngeunaan hubungan pancakaki katut
sesebutanana, murid dibéré tugas nataan kaayaan kulawarga maranéhna masing- masing. Anu kudu disebutkeun téh ngaran indung-bapa, jumlah dulur katut
ngaranna masing-masing, ngaran aki jeung nini, ngaran emang jeung bibi, jeung ngaran uwa.
43. Ieu tugas mun katimbang rada hésé, bisa waé sina dipigawé di imah masing-
masing. Ku kituna, murid bisa nanyakeun heula ka kolotna. Jawabanana bisa waé dituliskeun dina buku tugas. Dipariksa ku guru dina minggu hareupna.
44 Hasil pagawéan murid sina dibaca, dibarandungan ku anu séjén. Ku guru kudu
dipeunteun, dumasar kana lengkep henteuna jawaban anu ditulis terus dibaca. Bisa waé aya murid anu teu bogaeun emang jeung bibi, atawa teu bogaeun
uwa. Bisa waé teu bogaeun adi, atawa teu bogaeun lanceuk deuih. Hal éta teu kudu matak ngurangan peunteun.
L. NATAAN KAAYAAN DI IMAH JEUNG SABUDEUREUNANA No.
Kagiatan
45. Patali jeung tugas nataan anggota kulawarga, murid sina sakalian nataan kaayaan
di imah jeung sabudeureunana. 46.
Anu ditanyakeun téh alamat imah, anggangna ka sakola, di buruan imah aya naon waé, ari keur di imah sok migawé naon, di mana ari diajar ngaji, kaulinan
naon anu dipikaresep, jeung saha waé ulinna, jeung di mana tempatna.
47 Ieu tugas sina dipigawé di imah masing-masing. Dipariksana minggu hareupna,
sakumaha dina tugas nataan anggota kulawarga. Hasil pagawéa maranéhna kudu dipeunteun.
40
Buku Tuturus Guru SDMI Kelas I
PANGAJARAN 5
Tema
: Pangalaman
Bahan :
Téks jeung gambar
Waktu
: 4 minggu
KAGIATAN DIAJAR NGAJAR
Pangjaran 5 henteu dimimitian ku kagiatan ngaregepkeun sakumaha biasana, tapi langsung kana maca bedas. Dina prakna maca geus teu ngagunakeun deui ngéjah maké
métodeu SAS. Anu diéjah langsung kana engang. Kitu deui di antara kecap anu diéjah téh aya anu diwangun ku opat engang.
Saluyu jeung pameredih kompeténsi dasar, matéri anu dipidangkeun dina ieu pangajaran ngutamakeun aspék nyarita. Dina hal ieu, nyaritakeun hal-hal nu patali jeung
pangalaman, hususna anu karandapan langsung ku diri murid. Dina bagian panutupna, murid sina dialjr nembangken pupuh magatru
A. MACA BEDAS No.