DIAJAR MACA 1 No. NULISKEUN AKSARA 1 No.

13

Bab 2 Pituduh Husus

8. jandéla kamar naha kudu dibuka jawabanana: supaya hawa seger asup 9. naha hirup maké kudu muji sukur jawabanana: sabab badan séhat 10. kudu kumaha ari dina saban téh téh jawabanana: ngurus sakujur badan

E. DIAJAR MACA 1 No.

Kagiatan 17. Guru némbongkeun gambar Aa, Ii, Uu, Apa, Ibi, jeung Mumu, pikeun ngawanohken inem vokal “a”, “i”, “u”, jeung fonem konsonan “p”, “b”, “m”. Saterusna némbongkeun gambar Émi, Oni, Nina, jeung Dani, pikeun ngawanohkeun fonem vokal “é” jeung “o”, jeung konsonan “n” jeung “d”. 18. Murid mimiti diajar ngéjah aksara, dimimitian ku mikawanoh fonem vokal a heula. Ku guru dituduhkeun gambar budak ngaran Aa, terus dicontoan ngéjah aksarana dumasar kana metodeu maca struktur analisis sintesis atawa SAS. Mimiti diwanohkeun fonem vokal a. Lamun éta vonem diréndonkeun jeung foném vokal a deui, dibacana jadi aa. Ieu kagiatan dilaksanakeun sababaraha kali, kabéh murid dipapay sina nurutan ngucapkeunana, tepi ka lancar. 19. Mimiti diwanohkeun kana foném konsonan p. Lamun p diréndonkeun jeung a, dibacana jadi pa. Lamun a diréndonkeun jeung pa, dibacana jadi apa. Aa jeung apa ngahaja disajajarkeun sangkan murid arapaleun bédana. 20. Pola engang anu mimiti diwanohkeun nyaéta V-V, terus V-KV. Ieu pola minangka tarékah anu dianggap babari dina ngawanohkeun foném vokal jeung konsonan. 21. Dina ngawanohkeun foném konsonan m, sakaligus mimiti ngawanohkeun pola engang KV-KV deuih. Ari cara ngajarkeunana mah sarua waé anu saméméhna. Kecap anu dipaké conto dina kabéh gé nujul kana sesebutan atawa ngaran jalma. Maksudna sangkan babari dipikawanohna ku murid. 14 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas I

F. NULISKEUN AKSARA 1 No.

Kagiatan 22. Murid diwanohkeun kana aksara tulis. Guru kudu nyadiaken heula alat peraga pikeun ngajarkeun cara nulisken fonem vokal jeung fonem konsonan sakumaha anu geus diajarkeun. 23. Dina tahap munggaran, anu dipigawé ku murid sina nyalin fonem vokal jeung fonem konsonan. Lamun geus lancar, terus ditingkatken kana nuliskeun kecap skumaha anu geus diajarkeun dina pangajaran saméméhna. 24. Hasil pagawéan murid dipariksa ku guru, terus dipeunteun.

G. DIAJAR MACA 2 No.